Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/156

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

mi Neng Mimin, urang teras ka Maribaya. Taruang mah urang di Grand-hotel Lembang bae."

Mimin saperti nu bingung, tapi terus milu turun bari nuyun barudak.

„Neng Cucu nyetiran mobil Fiat sareng Euceu sareng murangkalih.” Cek Mimin.

„Hayu urang mah dina mobil ieu!” Cek Harjo ka Tatang. „Mangga sareng rayi di pengker. Engkang ti payun. Maman nyupiran. . . . Hayoh Cu, eureun di palebah gedong anyar tea.”

Gedongna tinggal ngecet jeung memeres pakaranganana.

Mimin pangheulana asup ka gedong. Budak nu pangleutikna teu lesot dina pangkuanana.

„Mangga tingalian Neng Mimin!” Cek Harjo, „palay rupa kumaha cetna, di kamar ieu sareng itu?”

„Kumaha juragan Anemer wae!" Jawab Mimin, „mung itu ti payun sareng di gedengna, hayang dipelakan cangkok jeruk sareng balingbing."

„Keun ku Kaka, dipelakan eta mah!" Cek Tatang.

„Kantenan wae, ahlina atuh Bapa Perkebonan mah." Cek Harjo.

„Iraha beresna itu teh?" Cek Neng Cucu.

„Kitu, lah kira-kira abis bulan ieu."

„Tuh geuning Ceu!" Neng Cucu ngareret ka Mimin, jeung terus ka Maman.

Mimin ngabalieus.

Teu kungsi lila aleutan dua mobil geus mangkat deui, geus nepi ka Grand-hotel Lembang areureun, teu tulus ka Cipanas Maribaya teh, da moal enya panas poe mandi di Cipanas mah, cenah.

Sanggeus dahar-leueut, sarerea marulang deui ka Tepangsono.

Sorena Tatang jeung Harjo marulang, ari Neng Cucu, Yati jeung barudakna, oge Maman terus keneh bae di imah Mimin, masih dipapancenan ngawujuk Mimin sangkan daek jadi pamajikan Maman.

Mimin dirojong ku Yati jeung Neng Cucu, dibantu ku Ema

154