Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/157

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Kasim.

„Mangga, Mimin direremokeun ka Cep Maman, upama kersaeun mah kagungan istri-kolot, saluhureun, asal putra Ceu Yati keur abdi sadayana.”

„Tong sadayana, atuh Min!” Cek Yati, „repot teuing atuh ngurusna oge.”

„Henteu! Moal repot . . . . . . sareng keun bae repot oge.”

„Dua wae atuh!” Cek Yati.

„Moal! Moal dipasihkeun deui putra mah!” Cek Mimin.

Neng Cucu nyiwit Yati, ngisarahan supaya bikeun bae.

„Mangga wae atuh, mangga!” Cek Yati.

Sarerea seuri bungah.

. . . . . . Persis dua puluh poe ti harita Neng Mimin jeung Maman, geus tetep ngeusian gedong nu make tulisan „Karangnunggal", sanggeusna dirapalan tikahna, disalametkeun sakadarna. Barudak Tatang limaanana teu tinggaleun tina pangkuan asuhan Mimin.

Tamat.

155