Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/20

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

asup kabeh, jeung keur nganyahokeun ti mana datangna sora.

Katangen, yen datangna sora teh ti beulah Kulon. Terus disusultepus, norobos ka tengah kebon, reumis teu dihiding, nya anjog ka deukeut Mandor nu keur ngadengekeun lagu kembangbeureum.

„Aya sora gahar-halimpu kitu, nya Mang Mandor! .........Hanjakal bet eureun. Eta mah sora sutra, bakat bawa ti Kudrat........... Ah hanjakal make eureun.”

„Sumuhun den! Atuh da, sanes mung sorana wungkul sutrana teh, rupana oge jejerpasar,” jawab Mandor.

„Keun hal rupa mah, di Dayeuh oge teu kurang, tapi ieu sorana. Di kota, sora kitu mah taya pibandingeunana.”

„Sumuhun kitu, ieu mah Nyi Empat kumplit, nya hade rupa nya hade sora.”

„Sesah Mang ngilari sora model kitu mah. Eta dina melungna, napasna ku panjang ......... ah! Tiasa ngacapi Empat teh?”

„Atuh kantenan bae, geura engke wengi urang tanggap di rorompok Emang.”

„Wayah kumaha Mang?”

„Kitu lah, tabuh-tabuh dalapan.”

„Leres Mang? Engke abdi ngabantun hitarna, geura nambihan sari.”

„Sumuhun! Upami Aden bade sumping, da gampil Nyi Empatna mah, caket rorompokna oge.”

„Mangga, engke abdi dongkap!”

Manehna pamitan, sarta tacan oge saratus lengkah Nyi Empat ngalagu deui, lagu hayam-ngupuk nuluykeun tadi.

Manehna ngarandeg, rek balik deui, tapi ku lantaran sieun eureun deui mun dideukeutan, antukna cingogo deukeut rungkun enteh bari ngadengekeun sora Nyi Empat.

Tamat lagu hayam-ngupuk ditema ku lagu polostomo. Beuki anteb, beuki leleb, galeong jeung enjotna senggol mani matak urug angen.

Beak lagu polostomo, bet teu kadenge deui: „enggeusan meureun!!” cek gerentes hatena.

18