Manehna, nguliat ngalempengkeun sukuna da tadi mah teu karasa kabengbat ku sora sutra Nyi Empat.
Rek mulang, koreleng deui nyampeurkeun Mandor, perluna mah, jaba ti hayang kadeukeutan Nyi Empat teh, rek nyarita engke ulah nepi ka teu jadi.
„Jeung kacapina nya Mang! .......... Malah upami sayagi mah nu nyulingna sakalian!”
„Mangga Aden mangga! Sadayana oge aya.”
Bari hahariringan lagu nu ditembangkeun ku Nyi Empat manehna leumpang rek mulang.
Sora ..............., sora Nyi Empat teu bisa dirampa, teu bisa ditenjo, bisana teh ngan ku denge........... nempel dina ceuli, rapet pageuh maneuh dina rasa-denge manehna.
Leumpang nya leumpang nenjo nya nenjo, da puguh aya suku jeung panon, tapi rasa, musat kana rasa-denge; sora Nyi Empat nempel montel kabawa asa aya, asa enya.
Datang ka imah ujug-ujug gap kana hitar, jentreng ngahitar ngapalkeun lagu nu kadenge tadi.
„Tas ti mana Cep?” cek ibuna.
„Wangsul jalan-jalan ......... Eta Mam, mendak sora aya hade kitu!”
„Sora naon?”
„Tembang bujang petik........ ey eta mah sora, na aya gahar halimpu kitu?”
„Geura sarapan Cep! Tuh dina meja, roti. Boa susuna mah geus tiis deui.
„Cik, pek rarasakeun ngeunahna roti-mantega susu jeung sora tembang bujang-petik!”
„Ari Mamih! Atuh sanes-sanesna deui ...........
„Enya, pek bae itu geura inum susuna bisi tiis manten!”
Bari heheotan lagu hayam-ngupuk, manehna nyampeurkeun mejamakan.
Rot nginum susu dua regot, huleng ngahuleng, lagu polos tomo nyocokan ceulina. Kek kana roti-mantega, wel asup kana sungutna. Keur ngagayem ayem, ngeng ngaheang lagu hayam ngupuk asup kana ceulina, sora nu kadenge tadi, sora Nyi Empat.