Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/22

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Manehna nyeh seuri sorangan bari ngorekan ceulina. Sora hatena ngaharewos: „Na, aya sora nepi ka terus-terusan napel kana ceuli!“

Rotina ngan beak sagepok, terus nyokot hitarna, jentreng deui ngahitar ngapalkeun keur engke peuting bari dibarung ku hariring leutik.

Teu karasa geus pukul 11. Manehna nunda hitarna, terus ka tepas ngalong nenjo ka jalan.

Heong sora hatong di pabrik, burudul aleutan kuli-kuli kontrak ngaleut ngeungkeuy aleutan nu naranggung ember dieusi geutah karet.

Beak eta ditema ku aleutan awewe-awewe nu tas metik enteh ngagandong endong lamak dieusi pucuk enteh rek ka tempat nimbang diiringkeun ku Mandorna.

Manehna cengkat, panonna ditenjokeun kana aleutan awewe tea, ditalitikeun saurang-saurang, sabab tangtu ti antara eta awewe teh aya Nyi Empat nu hade sorana tea.

Kacida hanjakalna bet teu kanyahoan mana Nyi Empat, da puguh lain aleutan ngan ukur wewelasan, ka turug-turug bangun jeung rupa papakeanana meh sarupa pada belewuk kabeh.

Hayang terang Mandorna. Mang Mandor nu tadi panggih di kebon, oge teu kapanggih, da Mandor oge meh sarupa papakeanana, disetelan gidril belel didudukuy boni pada marawa iteuk.

Ku bawaning panasaran, manehna turun, terus leumpang ka gudang paranti nimbang. Ana datang ka gudang geus kaporotan, jelema geus pada mulang ka sabedeng-bedengna, nu kari ngan tinggal Jurutulis jeung tukang nimbang.

Manehna langak-longok api-api nenjo gundukan pucuk enteh.

„Ngilari saha Den?” cek Jurutulis.

„Ah henteu Kang! Ningali ieu enteh mani ngagugunung ari tos dikumpulkeun mah.“

„Tos lami sumping?“

„Tos tilu wengi, kang!“

„Sabaraha dinten pakanci teh?“

„Dua minggu kang!“

20