Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/23

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

„Euleuh atuh lami keneh.“

„Sumuhun.............................. Mangga kang urang ameng ka pabrik?“

„Mangga!“

Tukang timbang nanya ka Jurutulis saha-sahana.

„Piraku teu nyaho, eta teh putra Juragan Mandor besar nu sakola di Dayeuh.“

„Lailah! Eta teh Cep Tatang? Bener, tereh ageung. Asa anyar keneh teh disunatanana. Ayeuna mani geus jalugjug jangkung kitu.“

„Teu anyar.........Eta mah rarasaan urang bae, da urang ulukutek saban poe jeung enteh. Jol poe enteh, jol poe pucuk enteh. Meureun ayeuna Cep Tatang teh aya kana salapan belas taunna umurna, da bejana ayeuna sakolana geus kelas tilu di sakola Milo.“

„Kabeneran eta mah Juragan Mandor Besar, abong anak- emas Juragan Kawasa, kapan nyakolakeun ka Ha-I-Es oge hese, teu sagala anak jelema ditarima, mangkaning ieu mah make bisa asup ka sakola Walanda sagala, nya terus ka Milo................. Untung!“

„Paingan atuh, rupana Cep Tatang kawas Juragan Kawasa. Ceuk saha bae Cep Tatang lain sinyoh!“

„Enya, nya, kawasna bae basa istrina Juragan Mandor Besar keur nyiram kasengsem ku Juragan Kawasa.“

„Enya meureun.................... Tuh, Cep Tatang digupayan ku Juragan Kawasa................ Tandang nya! Ngomongna oge tatag pisan abong diajar basa Walanda ti bubudak................. Lamun nyaur ka urang mah, pek pahareup-hareup kitu, legeg, mun teu kaluar hotperdom-na wani tumpangan.“

„Kadang-kadang diusir ti Kontrak. Kapan bareto oge aya Mandor, ah teu pira, dumeh paamprok di pasampangan teu nyuplak dudukuy bari teu nyebut „wilujeng enjing“, kapan kontan dihotperdom sarta teu meunang digawe deui........ Tuh ieu mah, Cep Tatang kalah ka dibawa bareng ngarendeng.“

Kukurilingan bari ngawangkong asup kaluar pabrik dibawa ku Juragan Kawasa.

21