Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/24

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Jelema-jelema sakur nu kaliwatan ku Juragan Kawasa jung nangtung unggeuk bari ngucapkeun „wilujeng-sumping.”

Mun kabeneran papagih jeung Opsender Walanda, nu sok disarebut Juragan Anom, ku Juragan Kawasa sok diwawuhkeun, disebut ngaranna Cep Tatang anakna Hupmandor Raden Harjakusumah.

Sanggeus kaluar ti pabrik terus nguriling mariksa bedeng-bedeng tempat kuli-kuli kontrak, diiringkeun ku Mandor nu ngurus bagian kabersihan.

Cep Tatang, sajeroning laha-loho ngiring Juragan Kawasa ka bedeng, teu weleh ulak-ilik sugan aya Nyi Empat, tapi weleh teu kapanggih, da puguh ari ku kitu tea mah, rupa Nyi Empat oge tacan pati sidik, ngan ukur saliwatan tadi basa di kebon, ngan sorana nu moal poho teh.

„Ah, engke oge-peuting bakal kapanggih, sabatae ngadenge sorana,’’ cek gerentes hatena.

Tamat sakabeh bedeng dipariksa, Cep Tatang pamitan ka Juragan Kawasa rek mulang ka imahna.

Sanggeusna ku Juragan Kawas ditepak pundukna, manehna mulang.

Pukul tujuh geus datang ka imah Mandor, nanyakeun tulus henteuna.

Pamajikan Mandor pipilueun cumarita: „Naon susuguhna atuh Cep?’’

„Enya naon atuh nya Bi? Ngawuduk bae Bi! Minangka laukna mah ngagaleuh endog bae. Atuh deungeun ngopina mah naon bae kuweh-kuweh di warung, nganggo cau deuih. Sabaraha urang nya Mang Mandor?’’

„Nu puguh mah panginten, Nyi Empat, Si Saman nu nyulingna....... Teu aya deui.

Atuh Aden, Emang.’’

„Nu lalajo Mang?’’

„Ah keun bae nu lalajo mah tong disuguhan, da sanes ondangan ieuh!’’

„Ieu mah, bilih aya sepuh-sepuh nu caralik, urang etang bae limawelas urangeun, sabaraha Bi picekapeunana?’’

22