Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/25

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

„Beas lima liter oge cekap, endog lima welas, kalapa sahulu .......... Satalen beas, tiluketip endog, duasen kalapa ............. Atuh kuweh-kuweh kopi-gula........ ah, saperak oge cekap Cep!”

„Tah ieu Bi, artosna limawelas ketip!”

„Geuning langkung?”

„Keun bae ieu mah etang-etang keur nambihan.”

Ku bawaning keukeuh nu mere, kapaksa ditampanan.

Mandor ngadelekan ka pamajikanana, make daek narima, kapan eta Cep Tatang teh putra dununganana. Ku pamikirna, mun manehna ngahormat atawa mupujuhkeun ka putra dununganana, sahanteuna dununganana teh bakal mikanyaah ka manehna, bisa naekkeun pangkatna atawa nambahan gajihna.

Sabada Isa Nyi Empat datang diiring ku Si Saman tukang suling, bari manggul kacapina.

Mojang leutik mencenit nyanghareupan kacapi, meunang midang saaya-aya. Dibaju kabaya encit-batis ngalangkang awakna jeung kutang beureumna. Dikongkorong mute beureum, sasetel jeung geulangna. Ana prak teh ramona nyabak kawat kacapi breh teh kukuna beureum deuih, da salawasna sok di pacaran. Beungeutna bodas ngeplak, diwedak cangkuang. Dina taktakna nyampay carecet beureum, keur nyusut seupah, da samemeh prung teh sok nyeupah heula.

Cep Tatang, nu harita diuk di sagigireun kacapi, hareugeueun, mata-simeuteun, nenjo rupa jeung tingkah polah Nyi Empat, teu sangka aya budak bet jiga nu geus gede; daweungna, ringutna, janggilekna kayungyun. Eta lebah nyapek seupah, ngagayemna, dibarung ku hirupna panon estu matak deungdeuleueun.

Cep Tatang mah moal boa rek mata simeuteun oge, da kapan kakara harita nenjo padeukeut jeung Nyi Empat teh, da tadi mah ti beurang basa di kebon enteh tea pajauh jeung ngan ukur sakareretan, katurug-turug kabeneran kasilep ku sora. Deui, harita mah kapan Nyi Empat teh keur kuli metik pucuk enteh, ditenjo ti kajauhan teh teu beda jeung tunggul kaduruk hirup.

Ana jentreng teh ramo noelan kawat kacapi, kukuna

23