Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/26

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

meunang ngabeureuman ku pacar tea, na da, aya ramo hirup kitu, hideng teu nyalahan eunteup, matak bengong nu nenjo aya ramo hirup sorangan.

Cep Tatang geus boga rasa bisa ngahitarna teh, bisa jeung pariasina sagala, dina lagu-lagu Sunda, tapi harita ngadak-ngadak kaku, babakuna sukmana kaceot ku nenjo ramo nu saumurna kakara manggih, aya ramo-hirup sorangan. Tungtungna mah cul hitar diganti ku bengong.

Jentrengna sora kacapi dilaunkeun dibarengan ku sora suling, lagu nu tadi basa dikebon enteh, lagu polostomo. Sakur nu lalajo kabeh balem, teu oyag-oyag acan, asa paeh sakeudeung, asa jadi arca nu ceulina bisa ngadenge.

Sora kacapi jeung suling ditambah ku sora Nyi Empat, cek Mang Mandor tea mah ku bawaning teu manggih pibasaeunana deui majah teh: „Kiyamat ieu mah!”

Cep Tatang terus bengong. Nu jadi aneh gerentesing hatena, memeh manehna nenjo nu tembang, eta dina lebah tarikna, sok katenjo urat beuheungna nepi ka jebing cara beuheung oray kobra, sungutna ngalewe, beungeutna jadi robah, nepi ka nu geulis oge sok ngadak-ngadak jadi goreng patut, tapi ieu mah ............. Nyi Empat, dina tarikna, sanajan saperti nu ngajerit, eta sungut jeung beuheung sanajan robah, dina robahna teh bet jadi nambahan manis, komo dina senggol nu kendorna, dina tungtungna, dibarung ku imut ditambah ku rindat-mata ............. masya Allah mani hayang diteureuy bari di gael-gael ku Nyi Empat mah.

Nu lalajo sajajar bedeng eta mah tungkeb kabeh, sakuriling imah Mandor, jelema-jelema awewe lalaki rentul diharudum caringogo.

Di jero imah teu sabaraha ngan Mandor jeung pamajikanana.

Jelema-jelema nu harita lalajo, sarerea oge geus pada nyaho jeung pada ngadenge kana sora nyi Empat, pada terang yen hade bari teu ngahaja di kebon enteh, tapi ari harita mah, jaba ti dumeh aya Cep Tatang rek make hitarna teh, asa ngarasa aneh, sora Nyi Empat asa leuwih ti sasari, da enya atuh dina baralikna make asa dedengeeun, ngahieng bae dina ceulina.

24