Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/27

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Cep Tatang dina waktu mulang bari manggul hitarna, jiwana mah tinggaleun di imah Mang Mandor.

Mun kamari manehna kagendam ku sora, ayeuna mah ditambah kabengbat ku rupa deuih, — nya sora nya rupa.

Mun kamari ceulina dedengeeun ku senggolna Nyi Empat, ayeuna mah panonna oge deungdeuleueun ku imut jeung dilakna Nyi Empat.

Mun Nyi Empat lain jelema atawa Nyi Empat jadi manuk titiran, mun bisa dipenta rek dipenta, teu dibikeun dipenta rek dibeuli, atuh mun dipenta jeung dibeuli teu dibikeun, mun beak dengkak akal mah apabolehbuat dipaling oge,

Moal disumpit, sumawonna dibedil, bisi busik, bisi ruksak....... deudeuh ........ Rek dikurungan dina kurung dicet ermas, nginumna oge rek diinuman susu jeung madu. Sajumaah sakali rek dimandian caina oge cai ermawar .................. Memeh sare Cep Tatang ngucapkeun:............ eh, Empat!”

Isukna, waktu haneut moyan manehna indit ka kebon enteh, ka tempat nu kamarina.

Katenjo di kebon geus rentul awewe nu maretik.

Barang breh oge manehna awas ka awewe nu maretik, nyeblak hatena, pikirna tangtu Nyi Empat oge aya di antara jelema-jelema tea.

Ungggal awewe diilikan, tapi nepi ka aya sapuluhna can kapanggih keneh bae.

„Ningalian naon, Den?” cek Mandor.

Manehna kapiasem, ngajawab rada-rada era:.......... „Ah..........henteu Mang!”

„Teu aya Nyi Empat mah, rupina bae kasiangan.”

„Boa-boa udur Mang, tilas wengi tea!”

„Duka atuh!”

„Leuh hawatos, upami udur teh, mangkaning ditanggap ku urang.”

„Rupina mah kitu, Den!”

„Di mana rorompokna, bade dilayad ku abdi.”

„Etang bae, nu ka tujuh ti bedeng Emang ka palih kulon ............Mangga, nuhun bade dilayad mah........ hawatos!”

25