Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/28

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Manehna ngincid balik deui, ngajugjug bedeng.

Katenjo ditepas-tepas bedeng loba barudak leutik keur arulin diasuh ku nini-nini bari moyan, bari nyaliksik.

Taya lalaki saurang-urang acan, malah ti antara bedeng nu ngaberes teh rereana mah kosong, ewe-salaki pada ka karebon atawa digarawe di pabrik.

Sanggeusna imah Mandor kapanggih, diitung tujuh bedeng bari leumpang ka beulah kulon.

Gok anjog ka hareupeun bedeng nu ka tujuh, pantona nutup, mangkaning di kenca-katuhueunana karosong, taya geusan tanyakeuneun.

Manehna nguriling ka tukang sugan Nyi Empat aya di dapur, ditempo taya sasaha.

Balik ti dapur ngareret kana jandela bet muka, manehna nempo tina jandela lalaunan, katenjo dina bale di jero pangkeng aya nu ngedeng. Manehna ngahuleng, hatena ngaharewos; „Boa enya Nyi Empat gering.”

Di jero bedeng aya dua kamar leutik teu make panto, dipindingan ku reregan, samak ngagelar jeung lomari pendek hiji.

Katenjo ku manehna nu ngedeng teh ngulisik, gancang bilikna diketrok bari nyebut: „Punten!”

Nu ngedeng hudang, ngeteyep nyampeurkeun kana deukeut jandela, maksudna mah rek diintip heula hayang nyaho saha-sahana.

Cep Tatang mah geus awas ti heula, geus imut bae, tetela Nyi Empat.

Nyampeurkeun bari menerkeun sarungna, awakna ngan ukur make kutang wungkul, buukna kusut ngarunday.

Barang ngalongok tina jandela geuning nu ngetrokan teh Cep Tatang, manéhna buru-buru balik deui ka kamar rek dibaju jeung digelung.

Peuting tadi Cep Tatang nenjo Nyi Empat teh dibaju batis carang, diwedak camakblak bodas, digelung luis, ayeuna teu diwedak, bet asa leuwih manis, leuwih geulis, katembong asli kulitna nu lemes ngulit pisitan teh.

„Nyorangan ......., Nyi Empat sorangan,” cek harewos

26