hatena.
„Ku naon Nyai teh?” cek Cep Tatang, bari terus ka lawang hareup, nu harita geus dibuka ku Nyi Empat.
Teu kalawan dicalikeun heula, gek diuk dina samak sila tutug nyarande kana bilik.
Bari imut Cep Tatang ngomong: „Gering Nyi Empat teh?”
Nyi Empat uman-imen samar rampa. Ngalinggek bari imut ngajawab: Hen............teu!”
Dipencrong dipelong, ditilik ditaksir teu diwedak teu di minyak, teu disipat teu dipulas, kaciri kulit pipina, limit lemes ti aslina, katara panon cekasna, mawa bahan ti tadina, sungut cukup sari imut, geus perbawa ti dituna. Tungtung gelung ngagulung gigireun punduk, buuk sabeulah nuruban ceuli, cek tetenjoan Cep Tatang mah pajah teh kawas bulan katuruban reueuk.
Orokaya nu diteuteup diimpleng, sajeroning diuk tungkul nyagigir teh teu puguh rampa, nepi ka teu karasa deui, rambu samak disoehan.
„Geuning poe ieu mah teu metik?” Cep Tatang nuluykeun nanyana.
„Puguh kasiangan!” jawabna.
„Kapan peuting teu kungsi nepi ka tengah peuting, lain?”
„Duka atuh!”
„Atuh rugi nya............. Sok meunang sabaraha kuli metik teh?”
Nyi Empat teu ngajawab kalah ka culang-cileung, jiga nu kaeraan, kaciri pipina semu beureum.
„Sok meunang saperak?”
„Tara!"
„Sabaraha atuh?”
„Satalen mah sok kenging.”
„Keun ku Kang Tatang digantian ........... tah dua poeeun!” bari nyodorkeun talenan dua.
Nyi Empat teu daek nampanan.
Cep Tatang ngarongkong deukeut, dicekel dampal leungeuna bari nepakeun duitna. Dicekel lila bari diteuteup beungeutna, deukeut, ............... deukeut pisan.