„..........Pat! Isukan oge tong metik, nya! Kang Tatang rek ka dieu deui, hayang diajar tembang!” Bari ngalesotkeun leungeun Empat, terus manehna mulang, inget ka Mamihna bisi melangeun ti isuk can balik, can sarapan-sarapan acan.
Enya bae sadatangna ka imah teh, kakara katenjo oge asup ka buruan geus diburu digeroan: „Uih ti mana Cecep teh, amengan mani ngampleng, poho kana sasarap-sasarap acan. Moal teu asup angin geura!”
Ari kukituna tea mah da-puguh-putra tunggal, lalaki ngan hiji-hijina, katurug-turug susah neangan bandinganana ku gede milikna nepi Ka bisa sakola Ha-I-Es terus ka Milo pisan.
Sabab inget, yen Cecep bisana sakola Milo teh kalawan pitulung Juragan Kawasa, pirang-pirang nganuhunkeunana, da teu kabeh anak Mandor Besar, anak Bukhouder ditulung disakolakeun.
„Enggal! Enggal geura tuang! Hayu bareng jeung Mamih!” Bari dikaleng dibawa kana mejamakan.
Keur tengah-tengah dahar, manehna nenjo jelema di tukang keur ngored-ngored pakarangan.
„Mih! Itu Bujang Kontrak nu digawekeun di urang teh saha ngaranna?”
„Si Kasim...............Naha kitu?”
„Dupi roti nu keur sasarap abdi tadi, aya keneh? ”
„Aya tuh dina lomari dua gepok .......... Naha kitu rek dibikeun ka Si Kasim? Atuh model si Kasim dibere roti make mantega mah, moal teu utah, geura!”
„Sanes!”
Terus manehna nyalukan Kasim sarta sanggeusna nyampeurkeun deukeut, ditanya ,,Mang Kasim! Nyaho tuh di bedeng nu katujuh ka beulah Kulon ti imah Mandor Sura aya budak awewe ngaranna Nyi Empat, bisa tembang geuning .........""
„Terang Cep?”
„Enya?"
„Sumuhun terang!”
„Lamun nyaho, cik kumaha dedeg pangadegna?”
„Naha bade naon Cep?”