Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/31

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

„Mun nyaho........, leu pangmikeunkeun roti ..........."

„Atuh Empat mah .......... pun anak.”

Cecep Tatang ngajenghok, katara Kagetna, ku teu nyangka, guning eta jelema nu digawe saban poe di imahna nu sok dititahan sagala teh bapana Nyi Empat.

Leungeun nu nyekel roti, rek mikeun supaya dianteurkeun ka Nyi Empat sanggeus ngadenge yen Nyi Empat teh anakna Kasim.......... ngarandeg.

Manehna ngahuleng heula, ngarasa teu pantes rek ngirim Kagegelan sasat ka kabogohna nitah dibawa ku Bapana.

Mamihna ngomong: Oh! roti teh keur si Empat, buruhan dipangnembangkeun?”

„Sumuhun Mih!”

„Heg atuh! Pek bawa ka dituh Kasim! Bikeun heula ka si Empat. Maneh ulah lila, pan itu suluh beulahaneun!”

„Mangga!” Jawab Kasim.

Cep Tatang ngarasa bungah, dumeh Mamihna nu nitah ngirimkeun, sugan bae Kasim boga anggapan yen lain manehna nu nitahna.

Jero hatena seuri koneng, mun Nyi Empat daek dikawin tea mah, eta Mang Kasim teh mitoha meureun.

Manehna terus melong kana incidna Kasim bari ngeupeul roti. rek dibikeun ka Nyi Empat. Katenjo, Kasim make baju kutung calana semet tuur hideung lodro.

Manehna ngomong laun: „Bet ragrag ka anakna Mang Kasim, bujang kontrak, mustika sora teh jeung make geulis sagala, da geuning bapana mah jiga kitu bae. Naha turunan ti indungna kitu?”

Isukna mah roti sasarap teh dibekel maksudna rek dikirimkeun sorangan, tapi barang manehna datang ka imah Nyi Empat bet nyampak euweuh.

Manehna teu kaget, sabab cek dugaanana tangtu indit ka kebon rek metik cara sasarina.

Ana dijugjug ka kebon enteh tetela aya. Bari luak-lieuk rada era, manehna nyampeurkeun ka Nyi Empat nu keur jongjon metik enteh.

29