Kitu deui Nyi Empat, barang breh oge Cep Tatang katenjo sarta ngadeukeutan, luak-lieuk ka babaturanana tukang metik deui bari ngusap beungeut, terus nenjo kana baju jeung sampingna nu bacepo; baju jeung samping memang paranti metik enteh. Balaham-belehem era teu nyangka Cep Tatang rek ka kebon nepungan manehna.
Nyi Empat rada asa-asa rek nampanan teh.
„Ieu yeuh keur Empat!“
Ku Nyi Empat ditampanan. Minangka nyebut nuhunna teh, biwirna digegel bari panonna neuteup ka Cep Tatang.
„Naon Den?“
Cep Tatang ngagebeg asa kagebah ku Mandor, kapiasem.
„Aden mah ngan ka Nyi Empat bae masihan teh, ari keur Emang mana?“
„Emang mah enjing ku abdi dikintun sareng roko bodas deuih!“
„Tah, tong roko bodas, surutu Den!“
„Cap monyet Mang?“
„Tah leres cap monyet, raos eta mah.“
„Iraha Aden bade uih ka Bandung?“
„Lima dinten deui Mang!“
„Nyi Empat! Pat!“ Mandor ngageroan ka Nyi Empat, „lima poe deui Nyi sosonoan teh!“
Nyi Empat ngalieuk bari ngadelekan. Beungeut ngadak-ngadak beureum.
„Iraha Den Nyi Empat sina tembang deui di Emang?“
„Duka atuh Mang!“
„Engke bae dina malem bade paturay tineung?“
„Kumaha emang bae!“
„Nyi! Nyi Empat! Urang tembang deui di Emang paturay tineung jeung Aden!“
Nyi Empat ngajawabna ku imut.
„Mang Mandor!“ Cep Tatang ngomong laun: „Ti ngawitan dinten enjing Nyi Empat kedah diidinan entong metik puguh abdi keur guguru tembang kantun saeutik deui teu acan apal senggolna lagu buahkawung.”