Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/33

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Mandor ngahuleng semu rada bingung: ........... Mangga, asal eta bae Emang mah surutu cap-monyet!”

„Ah eta mah gampil, engke pasosonten oge ku abdi sorangan dikintun.”

„Nuhun Den Nuhun! Buahkawung raranggeuyan Den?”

„Tah sumuhun eta ....... caruluk!”

„Kade ah Nyi Empat ngaheluk engke ditilar ku Aden!”

„Sanes ngaheluk Mang, nyuruluk cisoca bijil.”

„Oh sumuhun, ceurik!”

„Ulah ceurik nya Nyi Empat! Da Aden oge saban pere Minggu ngalongokan ka dieύ!”

„Es dikocok tiis, Mandor!” Ceuk saurang pametik nu deukeut ka Nyi Empat, „jelema ge panas nya Den!”

Cek Mandor bari seuri, „ambeh haneut!”

„Mang Mandor mah! Permisi ah bade wangsul!”

„Kade ah lali!”

„Naon tea?”

„Tuh Aden mah!”

„Euh sumuhun cap-monyet! Mangga engke kinten satengah genep ku abdi dikintun!”

„Nuhun!”

Memeh indit ngalieuk ka Nyi Empat, pamitan di dituna mah, tapi Nyi Empat jongjon bae api-api.

Sanggeusna Cep Tatang rada jauh, Mandor ngadeukeutan ka Nyi Empat nanyakeun mere naon tadi teh.

„Roti, Mang!”

„Cik Emang ngilikan?”

Bungkusan roti dibuka.

„Euleuh-euleuh! Geuning jaba ti dimantegaan teh make sele deuih!”

„Eta sele teh nu beureum Mang Mandor?” cek Nyi Empat.

„Sidusun!” Enya eta teh sele dikalengan.

„Mangga tuh, Emang sagepok, abdi sagepok.”

„Kadieu atuh! Da Emang oge ari kana roti-mantega, komo make sele mah tara manggih sabulan sakali. Juragan Hup oge, bane bae pedah aya putrana. Teu aya putrana mah tara unggal

31