poe rorotian.”
„Kamari oge dikintun dua gepok, basa abdi teu ka kebon teh!”
„Isukan oge, bieu saur Aden Nyai teh entong ka kebon, cenah mah Aden keur diajar lagu buahkawung.
„Enya eta teh?”
Nyi Empat ngan ukur imut.
„Bogoheun ka Nyai, nya Aden teh!” Cek Mandor.
„Piraku Mang Mandor! Itu mah ............ eh, abdi mah bujang-petik, keur goreng patut teh, nya kampung nya cacah!”
„His ari Nyi Empat, ari bogoh mah teu kapianggeuhan. Geus mere naon deui Aden teh?”
„Duka atuh, ........... eta bae roti.”
„Bohong!”
„Sumuhun!.
„Heeh, pek bae isukan mah teu digawe oge ........ Geura dahar atuh rotina!”
Bujang petik nu deukeut ka Nyi Empat ngomong: „Ngasaan Bibi Nyai! Asa naon ari roti diselean!”
Tiluan kabagean saciwit sewang.
„Ari boga kabogoh anak menak mah euy, urang oge ngasaan nu ngeunah.” cek saurang.
„Naha da roti basa kuring meuli di pasar mah, teu ngeunah kieu,” cek saurang.
„Eta oge roti sarua roti, ngan eta mah geus gaaleun, roti geus sababaraha poe, kapan ari roti nu ditaruang ku Juragan Kawasa, Juragan-juragan Anom mah, saban poe dikirim ti Dayeuh.”
„Enya tuh! Cik unggal poe atuh Nyi Empat dikirim ku Cep Tatang ......... Eta teh putra Juragan Hupmandur Raden Harja?”
„Enya!"
„Nya mending jadi awewe geulis tea atuh, roti dimantegaan oge teu burung datang sorangan,” cek saurang deui nu dibere ngasaan, bari ngalamotan ramona nu katempelan selena.
„Ngeunah nya euy, ari katuangan menak!”