Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/35

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

„Atuh da ngaranna oge menak, dimemenan di-enak-enak. Nyi Empat ngadengekeun, bari elengeh imut sorangan, bungah loba nu muji.

Isukna Nyi Empat enya henteu metik enteh ka kebon, da geus diidinan.

Atuh pukul tujuh teh geus ngageulis nunggu Cecep di imahna.

Cep Tatang pukul dalapan geus datang.

Barang jol ka imah Nyi Empat, di hareupeun imah aya awewe nu manehna kakara wawuh.

„Punten! Dupi Nyi Empat aya?”

„Aya Cep!” Bari ngageroan ka Nyi Empat.

Nyi Empat kaluar umat-imut, di dituna mah nyalikeun, da terus balik deui ka jero imah, bari terus ngampar samak.

„Mangga calik Cep!”’ cek eta awewe teh.

Teu kungsi ngadua kalian Cep Tatang terus asup ka jero imah.

Sadatang-datang manehna ngaharewos ka Nyi Empat: „Ari itu saha?”

Jawab Nyi Empat: „Ema!”

„Ema Nyi Empat?”

„Sumuhun!”

„Geuning kakara papanggih!”

„Pun biang mah didamelna di pabrik, tukang milih enteh. Ayeuna nuju pere rada udur.”

Cep Tatang ngalongok ka luar, pok ngomong: „Teu damang naon Ema teh?”

„Puguh rada rarieut, Cep!”

„Di abdi aya landong, aspirin Bayer, Kersa ngaleueut landong?”

„Mangga, nuhun!”

„Engke urang bantun heula,” bari terus gura-giru indit.

Dina hatena mah hanjakal make aya indungna atuh moal samemena ngobrol jeung Nyi Empat.

Sanggeus datang deui mikeun Aspirin Bayer, manehna teu lila aya di imah Nyi Empat, da eta atuh, ku aya indungna tea .............. Gagal!” cek harewos hatena.

33