Isukna deui mah kabenaran nyampak di imah teh ngan Nyi Empat wungkul.
Keur minangka mayar kana kahanjakalan kamari, beres Nyi Empat ngamparkeun samak, ujug-ujug goleah bae manehna ngedeng nangkuban. Leungeunna-gugupay ka Nyi Empat supaya Nyi Empat diukna sing deukeut.
Nyi Empat asrod-asrodan ngadeukeutan.
Ana geus deukeut buru-buru Tatang ngedeng dina lahunan Nyi Empat.
„Kang Tatang teh, pageto rek balik ka Dayeuh .............. Memeh balik, hayang dipanghariringkeun heula, naon teh geuning nu guguritanana „kukupu tilu kulawu.”
„Isin atuh.”
„Isin ku saha, da taya jelema deui, lian ti urang duaan Hariring ieu mah hariring.”
Menehna ngarengkol, sirah dina lahunan, nyangigir nenjo ka luhur kana beungeut Nyi Empat bari nyekelan tuurna bisi ngejat.
„Pek atuh........ Pat, ceuli kang Tatang geus dibuka.”
„Ah, siang-siang!”
„Atuh ari ti peuting mah, moal bisa bari ngedeng ngadengekeunana oge.”
„Ku kacapi bae atuh!”’
„Har ari ku kacapi mah, atuh kang Tatang teh ngadengena kahalangan ku kacapi.”
Nyi Empat imut.
„Pek ah,” bari noel kana pingping Empat.
„Kukupu tilu kulawu,”
„harimumu hideung deui,”
..............
„Aduh!......... Eta biwir!” bari ditoel biwirna.
Keur tengah-tengahna pisan, aya nu keketrok ti luar.
„Saha?” cek Cep Tatang hudang keuheul.
Barang bray dibuka, kaget.
„Ma...... mih! Bade naon Mamih ka dieu?”
„Keur naon Cecep di dieu?”’
„Diajar tembang...... Naon Mamih, make ka dieu sagala.”