Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/37

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

„Hih, ari Mamih mah kaleungitan Cecep, naha aya jalan-jalan Kamalinaan teuing! Hayu ah urang uih!”

„Mangga bae Mamih, abdi mah keur diajar tembang!”

„Uih heula! Diajar tembang mah engke ti peuting........... Empatna sina tembang di imah urang. Di dieu mah, ey kotor kitu ........ Geura engke uih mawa tuma atawa tumila ka bumi urang, geuleuh! Sina tembang nepi ka isuk sugan, bari sakalian salametan, kapan Cecep tereh uih pageto.” Ngomongna beuki leuleuy, lantaran katenjo Cep Tatang jiga nu ambek.”

„Hayu ah urang uih!”

„Mangga bae Mamih ka dituh!”

„Empat! Engke peuting di ditu nya, tembang!”

Nyi Empat ti tadi ngadegdeg bae ku bawaning kasieunan, aya pangajak kitu teh ngarasa leler oge teu ringrang teuing, tapi ari ngajawab mah henteu, ngan terus tungkul.

Cep Tatang dicekel leungeunna dikaleng deudeuh.

„Hayu Cep! Isin atuh!”

Bari ngalieuk ka Nyi Empat, terus bareng jeung Mamihna.

Sajajalan teu eureun-eureun nyarita, nyaritakeun kahinaanana mungguh awewe nu sok ngalaeu tetembangan. Peta laku nu sarupa kitu teh teu beda jeung ronggeng atawa doger. Mun awewe nu sok daek tembang, eta teh pidogereun atawa pironggengeun. Mangkaning pagawean ngaronggeng atawa ngadoger teh, hiji kalakuan nu panghina-hinana.

„Cecep tos terang doger?” cek Mamihna, „eta geuning basa malem bayaran kamari, di los pasar aya tatabeuhan cara reog, ronggeng nu ditabeuhan ku dogdog, make tarompet, eta doger ............ Teu uyahan, ngigelna teh gutak-gitek, gual-geol kitu ........... geuleuh lah ............ Geura si Empat oge moal lila deui jadi doger ............”

Cep Tatang manyun teu ngomong sakemek-kemek acan, keuheul, ambek teu hayang ngadengekeun carita Mamihna.

„Cecep mah sakola luhur, putra Papih kakasih Juragan Kawasa, turunan menak, kapan Cecep teh Raden. Naha teu lingsem make ngawawuhan si Empat bujang petik jadi doger?”

Tatang ngalieuk ka Mamihna, nyentak: Tos Mam atos! Tong

35