sasauran bae gandeng!” bari ngalesotkeun leungeun nu dicekel ku Mamihna sarta terus leumpang gancang ninggalkeun.
„Kitu ari budak mah dipapatahan ku kolot teh,” gegelendeng sorangan, bari ngadedod leumpang nuturkeun anakna.
Kagambar dina wangwanganana, tadi basa nenjo Nyi Empat keur ngalahun sirah Tatang bari tembang „kukupu tilu kulawu,” sakareretan oge kacipta, enya Empat teh geulis, pantes Tatang bogoheun oge, ngan ........... hanjakal bet anak Bujang kontrak, tukang metik deuih, ............ pironggengeun ............, hina. Paur, sieun Tatang katutuluyan kapincut ku Empat. Budak keur meujeuhna mangkat beger manggih awewe nu panuju, kagendam ku sora ditambah ku rupa: ........... Emh! kumaha mun Tatang terus kapelet?” cek gerentes hatena.
Lamunan kakara nepi ka lebah dinya, kaburu manten nepi ka imah.
Sadatangna ka imah kasampak Tatang keur nangkuban jero enggon di kamarna.
Waktu dahar pukul satu, Tatang diajak dahar ku Mamihna bareng jeung Papihna, teu daekeun, teu ngajawab-jawab acan
„Na ku naon Tatang teu daeukeun dahar, gering?” ceuk Papihna.
„Puguh ge Pap! Tadi teh kapanggih keur gegelehean bae dina lahunan si Empat.”
„Si Empat, saha?”
„Si Empat, budak! Anakna si Kasim.”
„Si Kasim saha?”
„Si Kasim .......... Eta nu sapopoe digawekeun di urang.”
„Naha si Kasim teh boga anak awewe?”
„Puguh ge .......... Ari budakna mah geulis, katurug-turug sorana hade, bisa tembang.”
„Geus kitu? ku Mamih dicarekan meureun.”
„Digelendeng .......... Atuh da ngerakeun make bogoh ka kuli-kontrak.”
„Ari urang lain kulikontrak?”
„Har urang mah atuh pan Juraganana.”
„Budakna teh geulis?”