„Geulis pang Tatang bogoheun oge.”
„Atuh keun bae ari budakna geulis mah, jeung jamakna ari boga budak lalaki keur mangkat beger mah ........, keun bae antep make dihulag sagala ............”
„Sieun katutuluyan. Kumaha engke mun menta dikawin? Piraku pamajikan Tatang tukang metik enteh mah”
„Ari jadi pamajikan mah entong atuh.”
„Kumaha lamun reuneuh?”
„Keun bae reuneuh mah. Teu aneh dikontrak mah aya parawan reuneuh, atawa boga anak teh ........... Tuh si Saimah, geuning sok ka dieu ngangais budak, jiga sinyoh pan eta budakna teh anak Juragan Anom Borrel ........... Tuh, si Kasih nu anyar ngajuru, pan nu ngareuneuhanana teh Anom Hendrik ......... Saha teh budakna teh?”
„Empat!”
„Tah si Empat oge, geura, ari geulis kitu mah, cadu teuing anakna si Kasim .......... Keun bae tong digarah-geureuh da lalaki ...... bisi ngaganggu kana pangajaranana di sakola.”
Mamih bengong, olohok mencrong ka Papih. Ras eling kana dirina sorangan, ret deui nenjo ka Papih, inget deui ka Cep Tatang ....... rupana, adeg-pangadegna Cep Tatang teh bet jiga Juragan Kawasa.
„Pageto Cecep mulangna ka Bandung. Kumaha mun engke peuting si Empat urang tanggap, sina ngacapi sareng nembang?”
„Tah kitu mah bener. Tuh si Kasim sauran sina ka dieu!”
Kasim nyampeurkeun, gek diuk dina ubin, sila, semu reuwas disaur ku Juragan Pameget.
„Ieuh Kasim! Engke sore anak maneh ............ saha teh?”
„Pun Empat!”
„Heueuh, sina ka dieu sakalian jeung nu nyulingna ......... sakumplitna waeh! Urang tanggap di dieu, pan Cecep rek uih ka Bandung ....... si jago kabiri tewak, peuncit, tambah ku embe, tuh nu jalu tea ............ urang salametan ........... Ondangan mandor-mandor kadarieu kituh cek dewek ............. kaharti?”
„Kahartos!”
„Heueuh, pek pigawe naon heula ............. Naha meuncit