embe heula atawa kumaha?”
„Sapiwarangan bae.”
„Ngumpulkeun suluh heula bae, deukeutkeun ka dapur! cek Mamih.
Kasim indit mereskeun suluh dibawa ka pawon.
Cep Tatang nu ngadedempes di enggon ngadenge wangkongan bapa jeung indungna, nyerengeh bae seuri sorangan atoh asa dipangmeunangkeun jeung dipupujuhkeun ku bapana. Komo eta mah barang ngadenge engke peuting Nyi Empat rek sina tembang di imahna, bet asa ngarareunah pisan kana hatena.
Manehna hudang nyampeurkeun ka bapana nu harita masih keneh diuk nyanghareupan mejamakan.
„Tah geuning Cecep! Geura dahar kadinyah! Engke bantuan si Kasim meuncit embe ............. Engke peuting urang salametan Cecep uih ka Dayeuh, bari urang nanggap tembang anakna si Kasim, bejana ngeunah sorana.
Pesta ..... naon teh Cep?”
„Afscheid, Pap!”
„Heeh! Juragan Kawasa, Anom-Anom urang ondang sina taruang sate ditambul jeung bir.”
„Atuh sakalian bae sareng Nyaina,” cek Mamih.”
„Enya, pek ...... atuh embena oge kudu tambah deui ......... Itu bae domba adu nu gede peuncit .......... ondangan ku Mami .............. ku telepon bae.”
„Naon deui nya lalawuhna?”
„Tong naon-naon deui ieu mah nyate weh........... Engke dina telepon teh bejakeun urang nyate bari nyalametkeun Cecep, kituh!”
„Keur juragan-juragan Kawasa, Anom-Anom oge?”
„Enya kitu! Malah raresepeun pisan kana nyate mah. Geuning bareto oge ........... Meuleum sate didadak, sambara sate sing loba, kecap jeung acar bawang-bonteng.”
„Tuangna dina korsi?”
„His entong ......... ngampar alektip, sina dariuk ngariung balakecrakan ........ geura ngareunaheun pisan!”
„Tuang heula atawa ngadangukeun tembang heula atawa