Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/41

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

tuang bari ngadangukeun tembang?”

„Tuang bari ngadangukeun tembang ........... Letah raos ngadahar sate, atuh ceuli sugema ngadengekeun tembang.”

„Urang kitu soteh, boa juragan-juragan mah teu resepeun kana tembang.”

„Keun bae resep teu resepeun oge, da urang mah resep ............. Hayoh ka dituh Mih geura ka dapur! Tuh si Kasim!”

Cep Tatang bari dahar teh nyerengeh bae, ngarasa sugema, asa ku dipupujuhkeun ku bapana.

Gedong Hupmandor teh gede. Tepas jeung tengah imah geus dikeput ku alketip jeung samak. Pukul satengah dalapan peuting geus ngumpul ngariung, ngajajar, Juragan-juragan Kawasa, Anom Employe, Anom Bukhouder, Opsender, eta mah ngawungkul misah gundukanana ngariung jeung para Nyai-nyaina. Para Mandor-mandor, Jurutulis-jurutulis sagumpluk ngajajar di tepas.

Di tengah imah sisi bilik, didinya mah ngariung Nyi Empat, tukang kacapi jeung nu nyuling.

Persis pukul 8, kacapi ditabeuh lagu papalayon, dibarengan ku mabekna ambeu beuleum sate kaanginkeun ti dapur, sarta barang ningkat kana waktuna dahar, Nyi Empat mimiti tembang.

Ana heang teh Nyi Empat tembang lagu dandanggula bayubud, jelema-jelema nu rek ngahuapkeun sate, ngadak-ngadak eureun, panggang sate dicarekelan bengong.

„Paingan si Cecep kabungbulengan,” cek juragan Hupmandor, bapana.

„Jeung ngukut manuk titiran kitu-kitu bae mah, mending oge ngukut Nyi Empat,” cek sora saurang nu diuk dijuru.

Pada menta lagu, jeung pada marere duit, Nyai juragan Hendrik mah nepi ka merena oge saperak.

Juragan Anom Anton ngaharewos ka Mandor nanyakeun, boga salaki atawa henteuna.

Dibejaan masih parawan teh, mani geus kutap-ketap, majah teh rek dijieun Nyai ku Juragan.

Orokaya Cep Tatang, barang nenjo jelema-jelema rindatna pada barogoheun, komo nenjo juragan-juragan pada ting harewos, pohara ngarasa kaduhungna, Nyi Empat dikahareupkeun teh,

39