mangkaning pageto rek ditinggalkeun. Dina beresna riungan pukul 12, balikna Nyi Empat nepi ka dianteurkeun ku manehna.
Isukna Cep Tatang geus ngahekok deui bae di imah Nyi Empat, Kasim bapana Nyi Empat geus indit ka pagaweanana, nya di Mandor besar bapana Cep Tatang. Indungna geus indit ka pabrik jadi kuli milih enteh. Tatangga imah kenca jeung katuhueunana kosong, taya budak-budak acan.
„Wengi teh ......... Anom saha eta teh teu uyahan mani teras melong bae ka abdi?” cek Nyi Empat, sanggeusna Cep Tatang ngagoleah dina lahunanana.
„Euh,.......... Anton eta teh! Naksir meureun ka Empat!”
„Ey! Alim teuing Karesten atuh!”
„Naha ari Karesten?”
„Muhun, da Walanda mah Karesten!”
„Ari ka Tatang kumaha?”
Nyi Empat ngajawabna ngan ku dilak jeung imut.
„Kumaha ari ka Tatang?”
„Ah!” bari nyiwit .......... Cecep teh bade enjing uih ka Dayeuh? ...... Moal emut ka abdi, tos aya di Dayeuh mah.”
„Tatang mah moal ka Dayeuh deui..........., rek di dieu bae jeung Empat.”
„Bohong!”
„Tatang pan keur sakola, sataun deui ge kurang ....... Wayahna Empat ditinggalkeun .......... Ari sabulan sakali mah tangtu dilongokan ka dieu.”
„Atuh abdi ngiring bae sareng Cecep di Dayeuh ........... Tukang-tukang nyeuseuhan .........”
„Pan keur sakola ............. Sabar, wayahna, sataun teu lila. Kaluar ti sakola tangtu Tatang jeneng, rėk dijadikeun Employe cara Anom Anton, cara Anom Leon. Tah dina waktu eta mah moal saha deui nu ngurus rumahtangga teh kajaba ti Empat ......”
„Mamih sareng Papih Cecep, moal oge ngawidian Cecep kagungan geureuha ka abdi kuli metik anak bujang kontrak.”
„Milih pi-pamajikaneun mah lain urusan kolot ............. Ulah salempang Pat! Ayeuna Empat nu Tatang, Tatang bogoh ka Empat lain saulineun .........”