Nyi Empat teu ngajawab, kalah ka rembes cipanon, ngahelas ras kana dirina dibanding jeung kaayaan Tatang, estu lain campaka kuduna, lain kupuna, lain pantesna Empat kudu jadi geureuha Anom Tatang, dimana engke geus diangkat Employe di salah-sahiji kontrakan.
„Ah, Cecep! .......... Asa tebih tanah kalangit!” ceuk Empat.
„Atuh puguh bae tanah mah jauh ka Langit, tapi Tatang jeung Empat mah pan sakieu deukeutna.”
„Eh.........”
Jep jempe, taya sora nu kadenge ka luar bilik, ngan cakcak nu keur nyempod dina pangeret, nyerengeh nenjo peta-lakuna Cep Tatang jeung Nyi Empat.
Cakcak disada, „cak! cak! cak!”
Tatang jeung Empat bareng ngareret ka cakcak.
„Teu uyahan cakcak!” cek Tatang, bari melong leleb ka Empat.
Nu dipelong nyuuh kana pangkuan Tatang sesegruk ceurik kawas nu ngarasa kaduhung.
Tatang ngelus-ngelus sirahna, bari diomongan, ulah salempang, sing ulah jamuga, mun nepi ka jalir tina jangji, incah tina subaya.
Hatong di pabrik ngaheong tanda jam 12, para pagawe bubar, reureuh sakeudeung.
„Tah Ema dongkap!”
Tatang dicekelan ramo leungeunna ku Empat.
„Eh geuning aya Cecep?” cek Emana Empat.
„Sumuhun Ma!”
„Tos lami?”
Tatang teu ngajawab, bingung.
„Sanes bade enjing uih ka Dayeuh teh?”
„Sumuhun!”
„Geura uih atuh, geura engke Ibu sumping deui ka dieu.”
„Muhun!” Manehna ngareret ka Empat nu masih keneh nyekel ramona.
„Abdi teh Ema ............, betah keneh oge kumaha atuh da sakola ....... 7 Sasih deui ........ Abdi mah wiat ieu bae Empat