Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/44

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

.............

„Wiat kumaha Cep?”

„Sumuhun wiat ............ Ulah dipasihkeun ka sasaha deui.”

„Tos kitu?”

„Muhun........., upami abdi tos kaluar ti sakola ......... Empat bojo abdi.......”

„Muhun Cep! Sanaos rada pamohalan oge, da puguh itu saha ieu saha, sakituna keun ku Ema diestokeun, ulah salempang Empat mah.”

„Nuhun........ ! Atuh abdi permios. Mugi ka Bapa supados dihaturkeun ........... Pat! Tatang rek uih!”

Nyi Empat ngalesotkeun ramona, Tatang nyampeurkeun ka Emana bari munjungan pamit, ninggalan bungkusan amplop.

Sanggeus Tatang mangkat amplopna dibuka, uang kertas salambar duapuluh lima rupia.

„Panyangcang ieu teh meureun, Empat!” cek indungna.

Waktu bapana datang, ku indungna dicaritakeun yen Cep Tatang masihan duit, sarta make basa mihape Empat sagala.

Ngadenge beja ti pamajikanana kitu, Kasim seurikoneng, anggapanana pamohalan deui, nepi sanggeusna manehna ngucapkeun...... saha nu nyaho mungguh jodo, taya halanganana anak menak meunangkeun anak cacah oge ............ Lebah jodo mah ngan Gusti Allah nu uninga!”

Nyi Empat ngadenge ucapan bapana kitu, hate nu masih keneh panas, jantungna ratug, cep-nyecep-cara nu hanaang dibere cai es. Panonna katenjo cenghar, tapi masih keneh lungse, masih keneh lesu, leuleus asa dipupul bayu.

„Urang oge bieu, digawe teh nyieun tingkem keur candakeun Cecep isukan ka Dayeuh .......... da angkatna teh bareng jeung mobil-gerobag nu mawa peti-peti enteh nu pangisukna, subuh-subuh”

Nyi Empat ngarenghap .......... Manehna hudang terus ka cai.

Balik ti cai, terus ka enggonna deui, angenna seueul, lalendeng, ditumbu ku asa panas tiris, dug ngedeng deui.

Sore eta mah Nyi Empat teu daek dahar-dahar acan da sarebel cenah, sarta peutingna awakna hareeng jeung teu daek sare...

42