II
KIRA-KIRA wanci Isa harita Kasim keur silatutug, dina samak di tengah imah handapeun lampu listrik, caang ngebrak lampu 25 wat, melenyun udud rokok bodas cap bolong peresen Cep Tatang waktu rek mangkat. Pamajikanana keur mencetan sirah Nyi Empat bari nyeupah, rarieut cenah.
„Lain geus dibere Bayer tadi?” Kasim nanya.
„Puguh wae jeung geus rerep ongkoh panasna oge, ieu mah kari rieutna wungkul,” jawab pamajikanana.
Kadenge ti luar aya nu pupuntenan. Bray dibuka bet Mandor.
„Itu samak amparkeun! Mangga calik!” Cek Kasim, „naheur cai ka dituh, manehna!” Nitah ka pamajikanana.
„Naha da cai enteh mah aya, haneut keneh!”
„Nyeduh kopi atuh, bari ngagoreng ranginang keur lalawuhna...... Lain aya keneh?”
„Geuwat! Pan kaanjangan dunungan teh tara sabulan sakali.”
„Lain ieuh! Kuring ka dieu teh aya perlu pisan, utusan.......” Cek Mandor.
„Piwarangan saha kitu?”
„Anom Anton ........... Miwarang Nyi Empat ayeuna kudu ka ditu ....... sina tembang, meureun, da uningaeun basa di juragan Hup tea........... Tah ieuh duitna salawe.”
„Geuning make gede kitu?”
„Atuhda Anom Anton mah royal.”
„Allah! ............ hanjakal, geura tuh! Puguh ti kamari eta budak teh ngajongkeng bae, gering panas! Kawasna mah kateuhak teuing basa nembang di juragan Hup tea.”
Mandor cengkat ngarongkong ngadeukeutan Nyi Empat, tarangna dicabak, nanya: „Ku naon Nyai teh?”
„Udur, mang Mandor!” Jawab Empat lalaunan.
„Hanjakal atuh nya. Mangkaning ieuh aya rejeki gede, hayoh Nyai mah bet gering.”
„Duka atuh.”