Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/47

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

„Kumaha atuh nya?”

„Unjukeun wae ka Anom,” cek Kasim, „sanes bahula, kumaha atuh pan ku Mandor oge katingali, budakna keur udur.”

„Leuh, kuring mah, sok sieun bendu wae Anom teh, mangkaning Kasim nyaho sorangan Anom Anton mah gede ambek!”

„Dalah di kumaha atuh ............. Tapi piraku sugan, da geuning kitu buktina.”

„Enya, tapi isukan mah cageur, nya?”

„Sukur ge cageur atuh kuring mah!”

„Enya atuh kitu wae, isukan mah ulah nepi ka teu kabawa. Aya bagja teu daulat, rejeki geus dina leungeun nyantong, lapur. Ayeuna mah rek dibejakeun kitu tea wae Nyi Empatna gering.”

„Candak deui eta artos teh, engke mariksakeun Anom.”

Heeh!” Bari nyokot duit terus indit.

Sanggeus Mandor indit, Kasim ngahuleng ewed, naha ngondang rek sina tembang mani mere duit sakitu reana, da biasana oge paling royal ngan saringgit. Jeung anehna teh, jadi pikiran Kasim, mun ngondang tembang mah tangtu ngondang jeung tukang kacapi jeung sulingna, tapi ieu ngan Empat wungkul .............: „boa aya naon-naon, aya rasiah di satukangeun tembang ieu mah!” Gerentes hatena.

Pamajikanana nyampeurkeun noel: „Naha aya rejeki ditampik, ieuh! Salawe perak lain duit saeutik, urang bisa ngagade sawah di lembur, manehna!”

„Ari maneh, bet haripeut teuing ku teuteureuyeun ......... Puguh ngahuleng teh keur mikiran eta. Geura wae pikir ku maneh, moal enya mun ngondang tembang mah make mere duit sakitu gedena. Jeungna deui, naha ari tukang kacapi jeung suling teu diondang? Dewek mah boga pikir boa-boa.”

„Enya, nya ........ Boa eta mah lain rek tembang ..............”

„Enya bisi kumaonan, heg teh si Nyai datang ka ditu .......... ”

„Heeh....... tapi heeh nya, kumaha atuh?”

Duanana jempe papelong-pelong taya piomongeun.

Sagala ucapan Bapa jeung indungna, oge omong Mandor ku Empat kadengeeun. Sanajan manehna geus ngarasa rada sehat, tapi ku ngadenge maksud Anom Anton kitu, manehna terus

45