ngahephep di enggon, malah beuki dikarimbun sangkan disangka masih gering keneh.
Peuting isukna Mandor datang deui rek ngala Nyi Empat sarta cenah kudu kabawa harita bari nyodorkeun duit Salawe ka indungna, Nyi Empat buru-buru humarurung.
„Tuh geuning Kang Mandor!” Cek indungna, „budakna oge, jiga kitu ........... Nirisan deui meureun!”
„Wah mun kaya kieu mah galagat teu bener,” cek Mandor nyureng, „tada teuing Anom benduna. Uing mah teu sanggup nyanghareupanana oge. Ayeuna mah mun Empat teu bisa Kabawa, teu sanggup mun teu dibarengan ku Kasim. Engke Kasim nyarita sorangan ............ Hayu urang bareng ayeuna!”
Kasim ngusap beungeutna, ret ka pamajikanana, ret ka Empat, bingung, miris nyanghareupan Anom Anton engke, mangkaning nyaho adatna teu kaop dihulag. Tapi sanggeusna dina hatena ngucap bismillah teu burung indit, kitu ge sanggeus diajak kadua kalina.
Barang datang ka gedongna. Anom Anton, katenjo ku Kasim Anom keur jalang-jeleng wae di tepas, lir hayam keur endogan jigana mani hayang geura jol-geura jol wae Nyi Empat teh. Ana jol Mandor lain jeung Empat kalah jeung Kasim, bapana.
Mandor jeung Kasim, kakara ge nepi kana golodog, Anom Anton geus nanya: „Mana Empat? Juragan parantos keseleun nunggu .......... Eta saha?"
„Pun Kasim, Bapana Empat.” Jawab Mandor.
„Hot perdom! Rek naon Kasim sumping ka dieu, hah!”
Kasim ngadegdeg, pok ngomong: „Sumuhun ....... Empat udur keneh.”’
„Naon? Empat udur? ............ Bohong!”
Sumuhun .......... Upami kirang percanten mah, sae juragan angkat ka rorompok, tingalian.” Jawab Kasim ngaleper.
„Maneh nitah ka juragan? Hot perdom!”
„Teu pisan-pisan ........ Bilih kirang percanten wae.”
„Hade urang ka ditu ......... Awas mun maneh ngabohong ka juragan ........... Enya Mandor? Empat teu damang?”
„Sumuhun, malah nalika abdi ka ditu teh Empat keur