Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/49

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

humarurung wae.”

„Kasim bodo hah! Empat candak buru-buru ka dieu. Engke Kasim kagungan artos seueur, ditambah deui Salawe, jadi lima puluh.”

„Sumuhun mangga ......... upami tos sae mah udurna, Tangtos dibantun ka dieu ku abdi.”

„Bener Kasim teu nipu ka juragan? Iraha Empat damangna?”

„Rupina dua-tilu dinten deui oge sae.”

„Ulah bohong ka juragan. Engke juragan bendu ka Kasim. Mun bohong, engke Empat dipaksa dibawa ku Mandor ka dieu. Maneh ku juragan diusir teu meunang aya dikontrak ieu ............. Ngarti? ............ Ayeuna Kasim meunang mulih. Isukan atawa pageto Empat anteurkeun ku Kasim ka dieu. Inget! mun bohong juragan bendu pisan ............ hot perdom!”

Kasim ngabetem teu bisa ngajawab.

„Hayoh ......... indit! Awas isukan! Juragan ulah nepi ka bendu. Empat bawa nya!”

„Sumuhun!”

„Ieu ubar, sabungkus sakali ngaleueut. Tilu kali sapoe, ngarti?”

Ubar ku Kasim ditampanan ngadegdeg. Sanggeus permisi leos indit.

Barang kira-kira geus duapuluh lengkah, Kasim dicalukan deui. Pohara reuwaseunana sok sieun aya tambahna panyarekan. Manehna buru-buru balik deui, nanya dina jero hatena: „rek naon deui Anom teh?”

„Nuhun Anom!” Jawab Kasim bari ditampanan, roko bodas sabungkus.

Sadatangna ka imah, sagala peta jeung omongna Anton dicaritakeun ka pamajikanana.

„Heueuh atuh Nyai, geura cageur .........., kumaha tah mun Anom Anton bendu, engke Nyai dipaksa, Ema jeung Bapa diusir."

Nyi Empat teu ngajawab kalah ka terus nyusruk nyusup kana anggel.

........... Isukna isuk-isuk, Kasim saperti biasa indit ka

47