pagaweanana, teu nangan lalungse, meh sapeuting jeput mikiran anak. Kitu deui pamajikanana indit ka pabrik milih enteh.
Jam 12 tengah poe, hatong ngaheong tanda jam reureuh, para pagawe areureun balik heula ka bedengna, ngaganjel beuteungna atawa niiskeun kesangna urut bieu digawe ti isuk medu.
Kitu deui Kasim jeung pamajikanana baralik heula ka imahna rek dalahar tengah poe bari nempo Empat.
Sadatang-datang, memeh kokoreh kana tetenong dahareun teh nempo Empat heula ka enggon. Empat teu kasampak, tapi teu kaget malah bungah Empat geus cageur cenah, keur ka cai meureun.
Heong deui hatong pabrik disada tanda kuli-kuli kudu digawe deui, Kasim jeung pamajikanana arindit deui ka pabrik.
Waktu balik sore, jam tilu, nyampak Nyi Empat euweuh keneh di enggonna. Malah kacida kagetna nepi ka wanci dur magrib Empat can datang keneh wae.
Ti dinya mah kakara ngarasa hariwang, terus ditatanyakeun ka tatanggana sugan nenjo Empat, tapi kabeh tatanggana nu ditanya pada ngawalon teu nyaho.
Sanggeus ngarasa beak dengkak tatanya ka tatanggana kabeh teu nyaraho, mulang ka imahna bari baluweng. Tungtungna pahuleng-huleng duaan.
„Boa dibawa ku Anom Anton," cek pamajikanana, „coba teang ka ditu atuh!”
Kasim buringas ngadenge omong pamajikanana kitu, ngabenerkeun kana dugaan pamajikanana.
Tapi manehna masih hemeng, asa-asa sabab mun enya tea mah Empat diculik ku Anom Anton, sanajan datang ka ditu nanyakeun oge meureun moal dibejakeun ayana. Ras deui manehna inget kana jangjina, yen sore eta pan Empat teh kudu dianteurkeun ku manehna ka ditu.
Bari jeung baluweng campur sieun, manehna teu burung indi mah rek ngabejakeun yen Empat euweuh ti imahna.
Puguh wae Anton lila kerung beungeutna, asa baliwet; manehna nunggu datangna Empat dianteur ku Kasim, kari-kari ayeuna bet Kasim nanyakeun Empat.