Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/51

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

„Empat teu aya ......... ti siang keneh,” cek Kasim bari rada lewa-lewe.

Anton asa ditonjok huluangen. Teu rea omong deui terus ngajak Kasim ka imahna, hayang ngabuktikeun enya henteuna omongan Kasim.

Sadatangna ka imah Kasim, Anton terus wae asup sarta teu tata titi deui sup ka enggon nu sok dipondokan ku Empat, disingkaban, ditempoan ka kolong-kolongna.

Pamajikan Kasim nenjo talajak Anton kitu geus ngadegdeg wae nyempod di dapur.

„Mana Empat? Hot perdom!” Nanya ka pamajikan Kasim.

„Duka....... A ........ nom.”

„Disumputkeun hah!”

Pamajikan Kasim teu ngajawab, kalah ka cengkat terus asup ka enggon Empat.

Manehna ngagowak: „geuning papakeanana oge euweuh!”

Kasim buru-buru ka enggon Empat hayang ngabuktikeun, oge Anton. Tetela papakean nu haradena mah, malah cengcelenganana oge digodegkeun teh geus kosong.

Kasim ngareret ka Anton, atuh Anton oge ngahuleng, pok ngomong: "Kasim! Isukan Kasim kudu angkat ngilari Empat, hot perdom! Teu kenging mulih upami Empat teu acan kapendak ......... Ngarti? hot perdom!”

Samulangna Anton. Kasim ngahuleng diuk nangkeup tuur di tengah imah, mikiran anak ka mana ngaleosna.

Sakur barayana nu jauh nu deukeut diinget-inget, da moal boa ku sangkana incahna teh ngan ka barayana.

„Atuh kudu unjukan heula ka juragan Hup ari isukan rek indit mah,” cek pamajikanana.

Teu kungsi dijawab, kencling manehna indit, cocog jeung pikiranana, memang kitu pantesna kudu unjukan heula ka nu jadi dunungan.

Kabeneran kasampak dununganana can sarare.

„Aya naon Kasim peuting-peuting ka dieu? ” cek juragan Hup.

Derekdek ku manehna dicaritakeun yen isuk rek permisi

49