perluna rek neangan anakna leungit.
„Naha make leungit sagala, dicarekan meureun. Piraku ari teu dikua-kieu mah make incah di imah sagala.”
„Anu mawi teu dikua-kieu. Basa waktos turun damel tengah dinten teh parantos teu aya.”
„Asa piraku, euy! Mun taya pisan pasalna mah.”
Ku Kasim dicaritakeun halna Anom Anton, ti mimiti nepi katungtungna.
Juragan Hup gumujeng mani ngagakgak, malah istrina oge pipilueun.
„Naha atuh euy, lain dibikeun bae atuh ka Anom Anton. Untung euy! Silaing mah bet kabodoan teuing. Geura mun dibikeun mah, anak silaing jadi ginding, komo mun dijieun Nyai mah. Atuh silaing bisa jadi diangkat Mandor. Bodo euy, bodo silaing mah Kasim!”
„Da eta oge, abdi sareng pun bojo mah teu ngoretkeun.”
„Heueuh euy, aro geus kitu mah jadi kasusah bae, da sahanteuna ka anak ......”
„Puguh ge,” cek istrina juragan Hup, „ari boga anak geulis teh, ari pada marebutkeun mah tungtungna teh lain mahayu, kalah ka mahala, matak nyusahkeun ka kolot.”
„Rek sabaraha poe maneh menta permisi teh?”
„Tilu dinten wae. Bade dipilari ka emang-emangna sareng ka bibina di Pangalengan sareng di Ciwidey.
„Mun leuwih ti tilu poe maneh mo nampa gajih. Heueuh, pek bae ka dituh sing kapanggih. Engke mun geus datang ka dieu deui, buru-buru pasrahkeun ka Anom Anton, sabab mun teu kitu, tetep bakal jadi panyakit ka maneh.”
„Sumuhun ........ Emh, abdi teh bade nambut bae artos kangge ongkos, da teu gaduh pisan.”
„Pasihan atuh Mam!” cek juragan Hup ka istrina.
„Tah, ieuh! Tujuh talen oge cukup.
„Kasim nampanan sarta nganuhunkeun, terus mulang ka imahna.
Subuh-subuh Kasin indit ngajugjug ka lanceuk pamajikanana di Pangalengan, tapi ti dinya teu meunang laratan-laratan acan.