Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/53

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Isukna ti Pangalengan indit deui ka Ciwidey. Oge taya beja-bejana acan.

Tuur cangkud, lalakon tilu poe teterusan leumpang, hasil mah henteu, ngan aya laratan ti tukang warung, yen kira-kira tilu poe ka tukang kungsi aya budak awewe eureun meuli peuyeum sampeu tilupeser, tapi teu kungsi ditanya rek kamana-manana.

Sadatangna, cape-cape oge manehna buru-buru ngadeuheus ka juragan Hup, pinton beungeut jeung nyaritakeun yen Empat teu kapanggih.

Ti Hupmandor terus ka Anom Anton, sasadu yen geus disaksrak ka barayana di Pangalengan jeung Ciwidey mah euweuh. Oge diterangkeun teu boga baraya deui nu lian.

„Hot perdom! Maneh parantos ngabohong ka Anom .......... Anom enjing bade miwarang Kulisi kontrak ka Pangalengan jeung ka Ciwidey, mun Empat kapendak maneh bakal diasupkeun ka pangberokan. Maneh nipu ka Anom, Ngarti?”

„Sadaya-daya ......... Teu pisan-pisan ngabohong.”

„Enya ......... Enjing Kulisi angkat, kudu dibarengan ku maneh. Tuduhkeun di mana disumputkeunana Empat ..........hah!”

„Mangga ........... Abdi mah ngiringan. Sukur-sukur oge kapendak pun anak teh.”

„Heeh! Upami Empat kapendak dipasihkeun ka Anom?”

„Sumuhun .......... mangga!”

„Ayeuna maneh kenging mulih isukan isuk-isuk disampeur ku Kulisi, nya!”

„Mangga!” Jawab Kasim.

Urut cape kamari oge acan surud, awak asa pasiksak keneh, atuh mun reureuh tea mah kakara sapeuting, isuk kudu indit deui nyumponan ka teu percaya Anton keukeuh nuding pajah Empat disumputkeun.

Inditna ayeuna dibarengan ku Kulisi kontrak, kawas sakitan nu kudu ngabuktikeun kabeneran omongna, Kulisi nu jadi saksina.

Mungguh nu jadi Kulisi, sanajan leumpang jauh oge teu matak jadi aral subaha, malah mah ku ayana parentah dununganana kudu

51