mangkat teh, sok ngarasa atoh, itunganana gajih narima gembleng, ongkos jalan meunang. Komo lamun Empat bisa kapanggih tur bisa kabawa, tangtu Anom Anton bakal meresen. Jaba ti meresen teh Anom Anton bakal ngalaporkeun ka juragan Kawasa, supaya ditaekeun pangkat jeung gajihna.
„Kasim!” Cek Kulisi dina perjalanan.
„Entong make disumputkeun Empat teh, sabab lamun ayeuna Empat teu kabawa ku uing, maneh bakal cilaka, engke maneh didakwa geus nipu ka Anom Anton, nipu duit limapuluh perak ..... Maneh dihukum sataun.”
„Naha da abdi mah teu rumaos nampi artos lima puluh.”
„Naon .......... Ari duit nu ti Mandor teh?”
„Ih, harita keneh oge, dicandak deui ku Mandor!” jawab Kasim.
„Naha da ceuk Anom Anton mah maneh teh geus narima duitna, kari-kari Empatna disumputkeun, kapan ari kitu teh nipu ngaranna, hukumanana sataun."
„Sumpah oge mangga ..... daek busung teu nampi artos!”
„Enya, keun heula eta mah. Ieuh! Leuwih alus mun Empat bisa kabawa; maneh salamet, malah bakal meunang untung. Geura mun Empat dijieun nyai ........., atuh maneh oge jeung pamajikan piraku teu milu hojih!”
„Kuring sumpah ........., geura cabut umur mun kuring nyumputkeun Empat ............, ditambah disamber geledeg oge daek .......... Piraku Kuring teu nyaah ka anak. Kuring mah atoh boga anak dipikapalay ku Anom. Sahanteuna anak gede darajatna mah. Indung bapana oge piraku teu milu senang .......... Mangga urang buktikeun bae engke di Pangalengan sareng di Ciwidey. Mugi-mugi bae Empat sing kasampak aya, da ari kamari ieu basa kuring kaditu mah suwung.”
Kulisi teu loba carita deui. Barang datang ka Pangalengan ka barayana Kasim, tetela Empat teu kungsi datang ka dinya. Bisi masih keneh dikilungan ku barayana, Kulisi mah jaba ti meunang katerangan ti jinisna teh, oge ditatanyakeun ka tatanggana deukeut, enya henteuna Empat euweuh di dinya. Ka kokolot jeung Kulisi kampung oge kungsi ditanyakeun, sugan aya ngulampreng