budak awewe nu ngaran Empat. Boh di Pangalengan boh di Ciwidey Kulisi teu meunang laratanana, nya kapaksa bari hanjelu balik teu beubeunangan .......... ,,Atuh lapur moal meunang peresenan ti Anom Anton,” pikirna.
Orokaya Anom Anton, barang dibejaan ku Kulisi yen Empat teu kapanggih teh, ger teh ambek.
Kulisi dicarekan laklak dasar, pajah teh Kulisi taya kabecus, malah make nyangka sailon, sakongkol sagala, nujuk-nunjuk disumputkeun ku Kulisi, da bogoh ka Empat cenah.
Atuh Kulisi teh teu sirikna acong-acongan nyembah sarta sumpah menta dicabut nyawa, teu pisan-pisan make kumawani ngadursila ka Anom.
„Kulisi! cek Anton, „Kasim usir teu kenging aya di kontrak. Kenging ka kontrak deui upami sareng putrana. Empat. Tapi bojona teu kenging ka Kasim. Ti dinten enjing Kasim teu kenging aya di kontrak. Kedah angkat! Upami ku Anom enjing kapendak aya keneh, Anom bade nelepon ka juragan Camat supaya ditangkep, dihukum, jeung maneh deuih! Hayoh Kulisi ayeuna angkat ka Kasim, bejakeun Anom bendu pisan, Kasim kedah angkat teu kenging aya di kontrak. Tapi bojona teu kenging dicandak ......... Kasim kenging mulih deui ka kontrak kedah sareng Empat, putrana. Ngarti? Hot perdom!”
Koloyong Kulisi indit, kawas anjing ngepot buntutna ka imah Kasim, ngabejakeun yen lain meunang pala kalah meunang palu ti Anom Anton teh, sakitu dibelaan enya-enya. Sanggeusna nyaritakeun dicarekan laklak dasar, barabat nyaritakeun yen Kasim diusir.
Kasim tungkul teu ngajawab, ngerik narimakeun nasib; mana anak nu ngan sasiki-sikina can kanyahoan di mana ayana, paeh atawa hirup, ayeuna diusir pisan. Ana diusir teh, kudu papisah jeung pamajikan deuih. Teu katahan, cipanonna rembes. Malah pamajikanana mah, sanggeus tamat Kulisi nyarita teh ceurik eueuriheun.
„Kade Cim, cek Kulisi.” ulah teu indit isukan teh, sing nyaah kana diri sabab pasti ditangkep, dijebloskeun ka bui mun teu indit teh. Anom rek nelepon ka juragan Camat.”