Kasim teu kuat ngomong, minangka jawabna teh manehna unggeuk.
Sanggeus sakali deui Kulisi omat-omatan supaya Kasim isuk indit, kakara Kulisi pamitan.
Kasim terus tungkul bingung, indit kudu tapi indit ka mana ...... ka mana jugjugeunana, mangkaning pamajikan ditinggalkeun.
Mesin di pabrik karet geus teu kadenge ngaguruh, nu kadenge ngan kari sora mesin listrik duk-dukan, tanda geus liwat jam sapuluh peuting. Kasim masih ngalelenggut keneh wae di tengah imah, can obah, mani teu inget kana nginum-nginum acan.
Pamajikanana nyampeurkeun deukeut, ngaharewos: „Ceuk rasa kuring mah Empat teh ka Dayeuh, kawas-kawas nuturkeun Cecep.
Ngadenge ucapan pamajikanana kitu, nyay marahmay, diukna obah, tina asal silatutug, leungeun kencana ditekenkeun, beungeutna malik ka pamajikanana, melong. Sanajan teu pok ngomong, pamajikanana ngarti, yen harewos manehna teh kawas cocog jeung dugaan manehna. Katenjo ngadak-ngadak salakina cenghar.
„Di dituna, Cecep teh di mana?” Kasim nanya.
Pan cenah mah di sakola Milo. Lebah manana mah teu nyaho atuh, boro-boro ka Dayeuh atuh.” Jawab pamajikanana, „pan manehna mah kungsi ka Dayeuh bareto sakali. Nya ari geus datang ka ditu mah sugan tunyu-tanya wae atuh!”
Kasim teu ngajawab kalah ka menta disodoran caiteh.
„Mun enya teh Empat aya di Cecep, kumaha nya?” Cek pamajikanana.
„Gampang eta mah kieu we. Anu tangtu upama si Nyai aya di Dayeuh, geus moal sina nincak kontrak ieu deui, keun wae Anom Anton mah moal bisa kumaha asal teu nyahoeun si Nyai aya.”
„Enya......... tapi ari kuring kumaha?”’
„Engke aya deui akal. Ayeuna mah tetep-tetep wae di dieu ulah robah tingkah.”
„Enya atuh .......... Rek wayah kumaha isuk indit teh?”