III
DICALANA sontog hideung, bajujas bodas teu disitrika, sirahna dibuded iket parosnangka, nyorendang sarung palekat beunang nilepan, buntelan bekel jeung salin, subuh-subuh Kasim kencling indit, gilig rek ngajugjug Dayeuh.
Pamajikanana ngajajapkeun nepi ka golodog, pok ngomong: „sing iatna Kang neangan si Nyai teh. Jeung ulah lila teuing ninggalkeun kuring ...............keueung!”
„Heeh ................ Kahayang teh kasampak aya si Nyai di Cecep.” Jawabna.
Keur ngungkug mudun. Kasim ngadenge sora mobil gorobag ngagerung satukangeunana. Manehna buru-buru nyisi.
Lebah Kasim pisan mobil teh reg eureun.
„Rek ka mana Cim?” Cek Supir.
Kasim ngareret kaget, geuning Supir teh wawuh.
„Rek ka dayeuh!”
„Cat atuh naek, tuh ti tukang luhureun peti ari rek ka dayeuh mah.”
Teu ngadua kalian, terus Kasim naek kana mobil.
Gerung mobilna indit, atuh Kasim datang ka Dayeuh teh isuk keneh.
„Rek ka mana Kasim teh?” Cek Supir, waktu mobil eureun hareupeun gudang setatsion Bandung.
„Ah henteu ......... rek ka dieu wae, puguh aya nu diteangan,” jawabna, ........ nuhun atuh, nya!”
Sapuluh lengkah kira-kira, manehna kakara inget rek ka mana nya los, naha make jalan nu ka wetan atawa nu ka kulon. Sanajan kitu, ari pikiranana mah teu robah yen rek neangan sakola Milo, tapi di mana ayana, ka saha nanyakeunana, ku manehna can kapikir. Bakuna mah manehna nyaho Dayeuh teh kakara kadua kali ayeuna, kitu oge bareto taun tukang. Tenjo panonna, denge ceulina geus beda ti bareto, komo mun dibandingkeun jeung tenjo kaayaan kontrak mah. Ana datang kana rasa bet barieukeun.