Lengkah suku jeung jalan pikiranana teu sairama, nepi ka katara pisan jiga nu talag-tologna urang kampung jauh ka bedug teh. Inget kudu nyisi mun kabeneran pasanggrok jeung jelema atawa rek kasiap mobil.
Hareupeun setatsion reg manehna eureun, da nenjo ka jero bet rea jelema ngantay. Manehna remen ari nenjo jelema ngantay mah da di kotrak oge saban poe nu ngantay tukang metik nu rek nimbang beubeunanganana, nya jelema-jelema nu nyuhun enteh dina gimpo. Tapi ari ieu di Dayeuh, jadi pikiran manehna ngarantay rek naon, da geuning bari ngantay teh pada nyarekelan duit jiga nu rek barang beuli.
„Rek mareuli naon nya?” Manehna nanya ka soranganana, bari maju nenjo ka nu tungtungna pisan nu deukeut kana loket.
Sup leungeun jelema teh ka jero liang leutik, pok ngomong, sarta teu kungsi lila gujrag aya sora di jero ngagujrag. Jol karcis dicokot, terus ka luar tina antayanana. Eta jelema nu mawa karcis teh dituturkeun ku panon Kasim, ngaliwat panto nu dijaga, sarta karcisna digunting terus leumpang muru kana kareta-api.
„Euh, nu rek tumpak nyewa kareta api,” pikirna.
Ayeuna manehna nyaho, mun rek tumpak kareta api tea, mah kudu ngantay, ngasongkeun leungeun ka jero ngomong rek ka mana bari jeung duitna: „ah nyaho ayeuna mah mun rek nyaba nyewa kareta api teh.”
Timbul pikiran Kasim hayang nyaba, hayang ngasaan tumpak kareta api, tapi rek ka mana. Manehna imut sorangan, inget yen manehna indit ti imah ka Dayeuh teh lain rek hayang tumpak karetaapi tapi rek neangan sakola Milo, rek manggihan Cecep, sugan Empat aya di dinya.
Manehna kaluar ti statsion bari mikir ka mana nya los.
Kasim nyaho ari sakola mah, da teu jauh ti kontrak oge aya sakola, tapi disebutna sakola desa ari sakola Milo mah jiga kumaha, nu kumaha, teu kasawang dina pikiranana.
Jut turun tina tangga statsion meh labuh, da kaweur ku mikiran sakola Milo.
Ti statsion Kasim leumpang maju ngidul, mengkol ngetan,