ngidul deui jol ka Pasarbaru.
Mapay-mapay trotoar sisi toko-toko. Panonna barieukeun nenjo barang-barang di jero toko nu manehna loba nu kakara nyaho. Breh barang katenjo hatena ngucapkeun: „Naon eta?” Sababaraha naon bari teu aya nu ngajawabna.
Kasim sup ka jero pasarna Pasarbaru. Manehna ngucapkeun geuning deui geuning deui: geuning di dieu puseurna cau, tempatna pindang, gudangna sayuran. Kaget ku reana, sagala aya jeung loba deuih.
Di kontrak oge aya pasar, saminggu sakali, tapi barang-barangna henteu loba cara di Pasarbaru. Manehna sup ka dieu nenjo, sup ka ditu nenjo. Nenjo jeung nenjo terus nenjo dibarengan ku hareugeueun, geuning boh barang boh rupa kadaharan teh mangpirang-pirang rupana jeung ku lobana.
Pikiranana kabaud ku deuleu, nepi ka poho kana maksud nu ti heula, cacakan mun harita teu ka dupak ku rancatan nu nanggung mah kawasna jongjon kapopohokeun.
„Aeh! Kapan aing teh rek neangan sakola Milo ........... Matak naon atuh, keur kieu teh jol weh Cecep rek ngagaleuh jeruk garut.”
Kasim ngahuleng heula sakeudeung, terus rarat reret sakur jajaka ginding diilikan, sugan aya Cecep Tatang.
Sanggeus rarat-reret bari cicing teu kapanggih bae, manehna ngareret bari leumpang, terus leumpang sela-sela jelema pabaliut nu keur baralanja, jog anjog kana lawang nu ka luar.
„Geuning ieu mah lawang kaluar?” cek dina jero hatena, „tapi lain lawang urut asup tadi!”
Bangreung, linglung tapi terus nuturkeun bujurna sawatara jelema, ana inget, geuning balik deui ka hareupeun statsion. Tungtungna manehna nagog sisi jalan dina emper toko deukeut nu dagang sirop.
„Meser sirop salumur!” Cek manehna ka nu dagang sirop.
„Make alpuket, Kang?” Cek nu dagang sirop.
Alpuket di kontrak mah euweuh.
Ceulina kakara ngadenge kecap alpuket ........... naon alpuket. Tapi kulantaran sieun disangka dusun meledug, ma-