Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/62

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

nehna nyebut sumuhun.

Panonna peupeureudeuyan, letahna ulal-elel barang ngasaan saregot sirop alpuket diesan, make susu deuih. Bari nyapek teh ngahuleng, ngarasakeun kadaharan naon ieu, da atuh saumur nyunyuhun hulu kakara manggih kadaharan nu sarupa kitu.

,,Sabaraha ieu teh jang?” Manehna nanya bari nyodorkeun lumurna.

,,Limasen!” Jawabna.

Katara pisan ngajenghokna ngadenge kecap limasen, da kanyaho manehna mah di kontrak, mun sakalieun meuli sirop ari tas bayaran teh ngan tilupeser, sirop nu make cangkaleng jeung ager, ngan teu make es da di kotrak mah tempat tiis.

,,Limasen ..........," teu karasa letahna ngucapkeun deui, bari ngusiwel ngodok dompet bakona nyokot duit bolong terus dibikeun ka nu dagang sirop.

Ah, keun bae mahal oge da ngeunah!” Manehna ngomong lalaunan.

,,Ari ujang terang sakola Milo?”

Manehna nanya ka nu dagang sirop.

,,Sakola Milo! Duka atuh! ........ Ke, asa deukeut kebon raja.”

,,kebon raja?”

,,Enya Kebon raja, tuh ....... ti dieu teh ka ditu, mengkol .... mengkol ........’’ bari leungeunna meta, ,,tah engkemanggih aya lapang pinuh ku tatangkalan linduk ariuh, handapeunana aya bangku-bangku paranti dariuk. Engke oge kanyahoan,sok loba barudak jeung kolot oge darariuk.”

,,Ti ditu teh mengkol ngetan nya Jang?" Kasim nanya.

,,Enya...... Ti parapatan teh terus, ngetan, terus......mudun, terus ......... Tah, kudu mengkol ka Kaler lempeng, manggih rel jalan kareta api, terus ............ gok jeung parapatan. Ti dinya mah malik bae ka Kaler. Ngetan ........ , mana nu loba nu dariuk dina bangku, tah, kebon raja!”

Ucapan nu dagang sirop ku Kasim diregepkeun pisan, diingetkeun, malah menta ngaduakalian dicaritakeunana, sieun jeung bisi nyasab, sabab mun salah tangtu ngajauhan deui, da

60