cenah sakola Milo teh deukeut kebonraja.
„Atuh tunyu-tanya deui bae di jalan, da rea ieuh jelema nu lalar-liwat, bisi poho mah!” Cek nu dagang sirop, sanggeusna Kasim ngahuleng bae.
Sanggeus pamitan jeung nganuhunkeun, leos manehna indit, bari nginget-nginget pituduhna.
Barang srog manggih parapatan teu weleh tatanya, malah lain ka saurang bae, dua tilu jelema ditanya nu sarupa pananyana.
Manehna kacida bungahna barang breh manggih pintu rel jalan karetaapi, da cenah ti dinya geus deukeut.
Ana jol teh ka parapatan, manehna ngarandeg ngalieuk ngaler-ngetan, nyeh seuri: „Tah geuing kebon raja teh .......... tuh rea barudak keur arulin jeung nu dariuk.”
Buru-buru manehna meuntas, luak-lieuk ngadeukeutan bangku beusi pangdiukan.
Nenjo bangku beusi mah manehna teu ngarasa aneh da di taman juragan Kawasa oge aya, ngan eta nu jadi pikiran teh ku ngaran „kebonraja”, meureun pang aya kebonna oge, tangtu aya Rajana.
„Di mana nya, karaton Rajana?”
Cek pananya hatena.
Culang-cileung lieuk ngaler licuk ngetan, kebonraja dikurilingan ku jalan, beh ditueun jalan aya gedong-gedong, nu mana sakola Milona duka teuing.
Bari mikiran ka saha nanyakeun, manehna nenjo aya bangku nu ngan didiukan ku saurang.
Manehna muru kana bangku, gek diuk: „ngiring diuk nun!” Cek manehna ka nu keur diuk ngahuleng.
Nu diuk rungah-ringeuh, aya jelema rek diuk menta idin heula, mangkaning manehna mah tadi basa rek diuk teu ngomong naon-naon, cle wae, padahal tadi mah aya duaan nu geus ti heula diuk dina bangku eta.
„Mangga!” Jawabna, teu ditambah ku kecap-kecap sejenna.
„Dupi sakola Milo nu mana, nun!?”
Nu ditanya rungah-ringeuh deui.
„Duka atuh, da kuring mah sanes urang dieu.”