„Oh! Ti mana atuh, nun?”
„Tebih ti Majalengka ............... neangan pakulian. Geus dua poe kulurilingan, can manggih keneh bae.............. Ari andika ti mana?”
„Kuring mah ti kontrak, rek neangan sakola Milo, neangan anak.”
„Tuh itu ka nu dagang soto, geura nyahoeun eta mah, da meureun geus lila di dieuna.”
„Enya nya nun! Mangga atuh urang ka ditu!” Bari indit ngadeukeutan nu dagang soto.
„Kenging nun, meser angeunna wungkul?” Kasim nanya.
„Kenging!” Jawab nu dagang soto.
Sabaraha pangaosna?”
,Tilupeser!”
„Pasihan atuh nun!” Bari muka buntelan nyokot timbelna.
Timbelna dipotong, sanguna dikuahkeun, celebek Kasim dahar bari diuk dina bangku, ............ murah ieu mah jeung ngeunah deuih! Teu cara sirop alpuket ngeunah tapi mahal.”
Timbel sapotong beak, nu sapotong dibungkuskeun deui bari sumeuhah da rea teuing cengek rendosna.
„Punten bae nun! Tumaros, dupi sakola Milo anu mana?”
Nu dagang soto luak-lieuk, sakanyaho manehna disakuriling kebonraja mah taya sakola Milo ........... itu sakola haies, itu sakolaraja, itu kantor bang,” ditunjuk hiji-hiji ........... „Ah, sakuriling ieu mah teu aya sakola Milo.”
„Dupi sakolaraja sami sareng sakola Milo?”
„Hih, beda deui .............. nya ujang?” Nanya ka hiji Jajaka nu keur diuk dahar soto.
„Kantenan ................ sakolaraja mah Kewiksehul, Milo mah sakola Milo. Seueur atuh Milo mah!”
Tadi mah basa dibejaan ku tukang sirop yen sakola Milo teh deukeut kebonraja, geus atoh, bungah asa gok-asa gok jeung Cep Tatang, ari ayeuna bet aya beja deui sakola Milo teh lain hiji, tapi rea, atuh jauh keneh kana bisa papanggih jeung Cep Tatang teh, mangkaning panonpoe geus mengok ngulon.
„Dupi Encep di sakola Milo deuih?” Kasim nanya ka Jajaka.