,,Teu acan ...........masih di haies keneh!"
,,Encep uninga tempat-tempatna sakola Milo?"
Di ditu hiji, di ditu hiji ......... di ditu ....... .... di ditu........di ditu deuih! Wah aya limana asana mah!" Jawab eta Jajaka teh.
,,Aduh-aduh, kumaha abdi atuh Encep?"
,,Na ku naon kitu?"
,,Puguh abdi teh tebih tuh ti gunung Malabar, ti kontrak dongkap ka Dayeuh bade ngilari Cep Tatang."
,,Cep Tatang?"
,,Sumuhun!"
,,Har, kawawuh kuring oge aya opatna atuh nu ngaran Tatang mah."
,,Sumuhun .! Ieu mah Cep Tatang putra juragan Hup, sakolana di dieu di Milo."
,,Oh! Duka atuh teu wawuh! Naha atuh asa kurang talete teuing. Samemeh indit teh kudu nyaho heula, mun Milo Milo nomer sabaraha, di mana, nomer sabaraha gedong sakolana.
,,Nya eta atuh Cep! Abdi mah bodo. Tiasa Encep nulungan nuduhkeun sakolana bae?"
,,Har, atuh da pajauh, leuheung mun srog ka ditu ari panggih jeung nu diteangan..... Oge ayeuna mah sakolana oge tos tutup ........... "Jajaka ngaleos.
,,Emh!" Kasim ngalengis, ,,Ari urang Dayeuh ku dararegig, mani euweuh pisan ha'atna..."
Kasim ngareret ka jelema nu tadi diuk dina bangku, nu ngaku urang Majalengka tea, aya keneh masih diuk dina bangku melenguk jiga nu keur dipuuk ku kabingung.
Ku manehna disampeurkeun sarta terus diuk ngarendeng.
,,Mangga nyesep, ah! Mung bakona kirang raos!" Kasim nyodorkeun dompet bakona.
Sajeroning udud nyeuseup haseup bako molena, Kasim ngahuleng, mikir-mikir di mana nya meuting.
,,Ari akang sok di mana kulem?" Cek Kasim.
,,Akan mah....tuh pan itu aya babancong, sok di dinya bae ngarengkol. Ari geus peuting mah eta babancong teh