sok pinuh, babakuna ku jelema-jelema nu baramaen. Tampolana tara kabagean tempat, nya sok di dieu bae dina bangku.”
„Naha kenging mondok di dinya?”
„Nya teu kenging ku saha atuh, akang geus dua peuting teh sare di dinya, taya nu kua-kieu. Sok aya oge Pulisi ngan ukur mariksa ......., teu naon-naon.
„Atuh kuring oge rek ngiring bae mondok sareng Akang di ditu dina babancong.”
Urang Majalengka teh nyeh seuri, eta ku kecap ngiring kawas ka nu boga tempatna bae.
„Nya hayu bae urang bareng ....... Urang milih di juru, ambeh teu tiris teuing. Geura sakeudeung deui oge rabul nu ngaradon mondok. Kapan ari ti peuting mah, tuh dina handapeun tatangkalan oge sok aya nu marondok, malah aya awewe sagala ........... Jaba nu sok baramaen teh, nya cara urang bae deuih, jelema teu boga baraya nu di Jauh, keur ngadon mondok.”
Acan oge magrib maranehna geus dariuk narangkeup tuur di jero babancong.
Beuki peuting, enya bae beuki rea jelema nu daratang ka kebonraja, malah ti antarana aya kajadian nu euweuh tina dugaan Kasim, lain bae sakumaha pamanggihna urang Majalengka, nu daratang teh jelema-jelema nu sok baramaen bae, tapi aya jelema nu parantes awewe jeung lalaki, jeung deui ka dinyana teh lain rek mondok cara manehna, ieu mah ngadon bobogohan handapeun tangkal kai di nu poek.
Kasim noel ka baturna: „Ari itu nu make erok beungeutna camerok rek ngadon mondok deuih cara urang?”
„Ngadon bobogohan eta mah meureun!” Jawabna.
„Huh!” Kasim nguliat malik ka baturna.
Urang Majalengka nanya ka Kasim, nanyakeun naon pereluna datang ka Dayeuh, naha cara manehna rek neangan pagawean.
Kasim nerangkeunana henteu nyaritakeun panjang-panjang ngan rek neangan sakola Milo, rek nepungan anak dununganana, tapi datang ka dieu jadi bingung lantaran teu nyaho tempatna.
„Ari neangan sakola mah gampang,” cek baturna, „mana-mana nu rea barudak tah eta sakola. Ari megatna isuk-isuk, atawa