Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/67

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

waktu berenti pukul sawelas atawa waktuna pukul satu.”

„Tapi, da ieu mah sakolana sakola Milo, nu kumaha ari sakola Milo duka teuing.”

„Enya, nya tapi sakumaha susahna ge moal cara Akang mah unggal gedong diasupan, tapi gedong-gedong Tuan.”

„Naha kudu ka Tuan bae?” Cek Kasim.

„Ari ka Tuan mah sok rada meueusan buruhna, aya nu duaketip, atawa satalen nepi ka jam dua teh atawa sok diborong. Ti dinya sok aya untung teh, aya keur ngirim nu di imah.”

Beuki peuting beuki kurang nu ngarobrol, nyeseg kana bilik atawa ngaringkuk; aya nu paadu tonggong geusan ngalawan hawa peuting nu beuki jempling beuki tiris.

Dina babancong, dina bangku, di handapeun tangkal kai, mun keur kabeneran henteu hujan pabalatak manusa-manusa nu pada ngadon mondok di kebonraja.

Naon sireum, naon hileud, naon reungit, kabeh geus jaradi sobat. Lain sireum tara ngegel, lain hileud tara ngarayap, lain reungit tara nyongcong, tapi ieu mah geus tara dirasa, pek bae rek ngegel nyoco oge. Bari peureum ngan ukur digaro atawa ditepak bari humarurung.

Kasim, sanajan urang gunung urang kontrak, ari sare disimbut ku ibun, dikulambu langit, dicaangan ku bentang mah kakara. Atuh rada hese rek Feup sarena teh. Di dieu di ditu geus kadenge ting geleger sora kerek, manehna mah masih keneh nyileuk. Ongkoh lain bae gangguan reungit atawa merang, tapi pikiran ngalayang ras ka pamajikan, ras ka Empat, ras kumaha isuk rek neangan sakola Milo.

Kesel ngedeng, diuk, ngusiwel kana dompet ngagulung roko, ngulanyun udud bari ngalamun, nyawang nu ka tukang jeung ngarancang nu bakal datang, tungtungna ngan ukur digoongan ku sora .................... emh!

Heuay merekpek, pitunduheun nyedek, tapi digolerkeun teu daek reup, tapi lamun panglamunan geus buntu, apaboleh buat kumaha isuk ............. Kasim oge teu kanyahoan, kongkorongok hayam sakali teh bet sare nyarande kana tihang.

Lonceng di gereja sakuloneun kebonraja disada,

65