jelema ngaruliat harudang, ngalempeng-lempengkeun leungeun urut katindihan sirahna, suku urut murungkutna.
Hudang, mangkat lesu, leumpang jiga nu teu puguh nu dituju.
Kasim jeung baturna urang Majalengka tea badami, yen urang pada napsi-napsi, tapi engke sore urang pada tepung di dinya deui.
Kasim indit. Mimiti talal-tolol ka sakola nu disebut sakolaraja.
Manehna ngajanteng di sisi lawang megat sakur nu asup.
Jol saurang lain, nu ngarendeng lain, nu tumpak kareta-mesin lain. Sababaraha urang lain deui lain deui, tug nepi ka panutupna taya deui nu asup. Sababaraha „lain” diucapkeun ku Kasim lalaunan.
Keur ngajanteng bingung, maksud rek incah tapi ka mana, jol aya jelema nyampeurkeun mawa sapunyere, nu datangna ti jero.
„Ari akang megat saha, mani kabeh murid ditempoan?” bari seuri.
„Puguh oge, Akang teh megat Cep Tatang.”
„Naha sakolana di dieu kitu?”
„Ieu teh sakola Milo?”
„Sanes ieu mah sakolaraja.”
„Naha teu sarua kitu?”
„Atuh puguh bae beda mah.”
„Sakola Milo mah, tah nu pangdeukeut-deukeutna di dinya.”
„Cik atuh Ujang, akang tulungan, anteur neangan.”
„Ke nya, dagoan sakeudeung, kuring rek permisi heula.”
Bungah, geuning di Dayeuh oge aya jelema nu bageur, nu daek tutulung jeung papada manusa nu keur poekeun.
Teu kungsi lila datang, sarta terus barang ngajugjug sakola Milo nu di Jalan Billiton.
Sadatangna, maranehna terus asup ka pakaranganana nyampeurkeun bujang sakola di dinya.
Geus teu asa-asa deui, da puguh geus pada wawuh, sarta sanggeus dicaritakeun maksudna, manehna nanya ka Kasim.
„Kelas sabaraha?”