Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/69

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

„Bejana mah kelas tilu.”

„Saha ngaranna?”

„Cep Tatang!”

„Oh Cep Tatang?”

„Tah...... Geuning terang.”

„Atuh da di kelas tilu mah, ngan saurang-urangna bangsa urang mah, nya Cep Tatang. Sawarehna mah Sinyoh wungkul. Ti sajumlah murid kabeh aya tiluratusna bangsa urangna mah ngan aya lima welas paraputra menak. Sakeudeung deui loceng berenti pukul salapan. Ayeuna hayu urang dagoan bae di kamar kuring di tukang. Tah geuning loceng disada.”

Kasim, sajeroning diuk di kamar, hatena geus ratug bae, hayang geura gok, jeung hayang enya Cep Tatang.

„Geuning ......Mang Kasim! Aya naon? Dipiwarang ku Papih?”

Kasim sajongjongan teu bisa ngajawab, kalah ka rambisak, naha ku bawaning atoh atawa dumeh ngadenge pananya Cep Tatang.

Tatang oge olohok.

„Aya naon Mang?”

„Empat teu aya ....... Aya ka dieu?”

„Empat? ...... Ka mana?”

„Nya eta numawi nyusul ka dieu oge, manawi teh aya di dieu di Cecep.”

Tatang ngahuleng, gek diuk gigireunana. Lila ngahuleng mikir kumaha jalanna sangkan bisa laluasa, tapi ulah kadengeeun ku nu lian.

„Antosan heula, nya Mang! Abdi bade permios heula, bari terus ngaleos.

Teu kungsi lila geus datang deui, sarta ngajak indit.

„Dianteur ku Emang ka dieuna teh?”

Tatang nanya ka bujang sakolaraja.

„Sumuhun, Cep!”

„Nuhun!”

„Sanggeus bujang sakolaraja mulang, Kasim jeung Tatang terus ka kebonraja.

67