Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/70

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Tatang diuk dina bangku beusi, sanggeusna manggih bangku nu kosong. Dituturkeun ku Kasim sarta terus diuk ngarendeng.

„Emang oge wengi tadi teh mondok di dieu,” cek Kasim ngamimitian carita.

„Di dieu Mang, dina bangku ieu?”

„Sanes! itu dina babancong sareng urang Majalengka nu ngilari padamelan.”

Tatang imut ngahelas, ras inget kana nasib manusa saurang-urangna, da eta mah urang kampung datang ka kota, teu boga kawawuh atawa baraya di kota atawa aya oge tapi teu kapanggih, nya kudu ngalaman sarare dina bangku, tampolanan dina jukut ngagoletak teu beda bae jeung sato. Aya pamondokan da kudu dibayar, nu sewaanana teu matak werat mungguh kajelema nu datangna ka kota rek neangan pakulian.

Tapi ari urang kota nyaba ka kampung mah, tara nepi ka aya nu kudu sare di luar wawangunan, kajeun kumaha oge, mungguh urang kampung mah teu bisa ngantep ka semahna mondok lian ti di imah. Lebah dieu bedana sipat masarakat kota jeung kampung teh.

Ku ngahelasna Tatang ngadenge Kasim mondok dina babancong, teu samak teu anggel sumawonna simbut, ngan ukur ngarenghap bari gogodeg, teu bisa kumaha. Manehna ngan ukur bisa ngucapkeun sumuhun, bari teu puguh ka mana pisurupeunana.

Sanggeusna Kasim ditanyakeun kumaha raratanana pangna Empat nepi ka tega incah ti imah teu kalawan bebeja ka mana-manana, derekdek ditetek ti awalna ti barang Cep Tatang mulang ka Bandung.

„Anu mawi Emang teras ngajugjug Bandung, ngilari Cecep teh, susuganan Empat ka dieu,” cek Kasim nungtungan carita.

Tatang ngahuleng tungkul, katara beak akalna nepi ka teu bisa muka soara.

„Atuh di Cecep teu aya mah, ka mana Emang teh nya ngilari Empat ......?” Kasim dumareuda ........ „Kumaha atuh Emang ayeuna .......... Wangsul ka kontrak sieun, tangtos Emang ditangkep, diasupkeun ka pangberokan ...... Kumaha atuh Cecep? ..

68